Cenah Departemen Agama keur nyieun RUU, nu eusina salah sahijina ngalakukeun kawin "siri" bakal dihukum 3 bulan jeung denda 5 juta perak (siri= susulumputan). Aya pro jeung kontra. Nu pro alesanana keur ngalindungi awewe, nu kontra kana RUU ieu, alesanana kawin "siri" Sah ceuk agama, jadi teu aya nu salah.
Kawin "siri" dilakukeun ampir ti kabeh kalangan. Umumna keur urusan nyandung atawa kawin nu memang embung kanyahoan ku balarea (siga ngawin budak bolon). Nyandung teu dilarang di nagara urang, tapi nagara nyaratkeun lamun arek nyandung kudu boga izin ti pamajikan nu tiheula ( UU perkawinan 1974). Menta ijin nyandung ka pamajikan nu tiheula jelas hese ....hehehe, nya make jalan pintas, kawin "siri", sah ceuk agama. Kawin "siri" oge ngadorong ayana kawin kontrak. Kawin bisa dijieun kaheureuyan, da teu perlu tektek bengek administrasi nu disyaratkeun nagara, asal aya wali jeung saksi 2 urang. Sah eta kawinna. Atuh dina pipirakanana oge gampang, tinggal neangan we jalma 2 urang keur saksi, ucapkeun weh : "Maneh ditalak hiji!", beres. Meureun kulantaran sering kajadian kieu, nagara ngajukeun RUU ieu keur "naglindungi" warga nagarana ti eksploitasi tinu sejen. Jadi aya alusna RUU ieu teh. Di nagara-nagara kulon, samen-leven (hirup bababarengan diluar pernikahan) henteu ngalanggar hukum. Malah cenah aya alusna sabab samemeh kawin didaftarkeun ka nagara (resmi), pasangan bisa silih wanohkeun heula kana kabiasaan masing2. Lamun teu cocog dipegatkeun, lamun cocog diteruskeun jadi resmi. Tah lamun arek nurutan "budaya" urang kulon, di urang geus aya fasilitasna, kawin "siri". Jadi kawin siri teu kudu dianggap "kriminal", tepi ka kudu dihukum sagala. Cik kira-kira mending mana nya, kawin siri dilarang atawa teu kudu dilarang? Baktosna, WALUYA

