Aya anu araneh deui ieu soal PBB teh...Dirjen Pajak hoyong sagalana langsung..anu penting MAYAR...Dibuka lah kasempetan kanggo mayar langsung ka bank. Ayeuna aya 2 cara didatangan atawa cenah online. Sayah rek ngadongeng p2 pangalaman ;
1. Mayar langsung ka BRI ; Ditanya mana SPPT PBB na. Dijawab can aya da dibagikeunna ngaliwatan Kalurahan satempat. Hese mayar da teu terang No SPPT na. balik kaimah mawa SPPT taun tukang, ber ka kalurahan. Jelema anu nyekel bundel SPPT PBB teu katingali irungna..cenah keur dies luar..alias keur ngaleor...Balik ka Bank..bari nembongkeun SPPT taun tukang. bank narima duit pamayaran tapi teu tiasa measihan peneng, tanda sumbangan ti kalurahan sareng sticker lunas PBB> keun wae anu penting mah mayar. Dua bulan tiharita, aya patugas ti kalurahan nelepon kunanon SPPT PBB teu dicokot. Dijawab wae teu tiasa nungguan anu keur ngaleor...cekeng teh..abdi mah taat mayar PBB. Ari Pokna teh Bapa ngalanggar prosedur mayar PBB...ceneah tos kengeng mandat kedah ngaliwatan kalurahan ! lah aya dualisme..geuning..Janten eta kalurahan teh..ngadatangan kantor pajeg...nyandak saday SPPT warga...keur dibagikeun ka warga ditambih embel2 uang sticke lunas PBB, Sumbangan desa, jrrd. 2. Mayar ngutus si Ambu langsung ka KPP Pratama. Namina agreng ngajegir. sami..can nanaon paeh di SATPAM anu gereceh..siga anu rek nagbantu..barang ditanya "Kumaha mayar PBB ?" . Kedah aya SPPT PBB heula. Padahal si Ambu nggeus nyaho pasti tos aya di oknum Desa..Si Ambu teh ngeles eweuh waktu..ieu Warga Nagara rek hideng rek mayar PBB tepat waktu (harita pebruari) naha rek dipegat ? Oh tiasa cenah kedah ngeusi formulir heula kanggo ngadamel SPPT PBB darurat...Eta teh mun didamel ayeuna kedah datang deui pageto. Keun wae dilakonan. Dua dinten datang deui si Ambu ka kantor KPP PRATAMA anu gedongna ngajegir tea....Kaleresan si Ambu ningali si Amoy keur ngeusi formulir nyieun SPPT PBB.darurat.oge..Teras manehna ngalebetkeun ka Patugas. Si Ambu kaluar sakedap jajan inuman...ari der teh reuwas ningali si Amoy parantos beres eta SPPT daruratna terus mayar PBB na. Si Ambu naroskeun.kunanon eta budak Amoy gancang pisan meunang surat ari syah cenah mani nungguan 2 poe ?...Rada gugup eta si patugas teh "Oh eta tos lami ti kamari" Si Ambu nyegag " Henteu tadi bareng ngeusian nana dijuru diditu , gigireunurang". Terus eta si patugas rada gugup..gorowok..nyalukan office boy..nitah neangn berkas si Ambu....Eheh2 aya..di dep dihandap meja salah sahiji staffna...Bari kukulutus si Ambu mayar. Si Ambu panasaran.. di palataran papanggih jeung si Amoy..kuananon bisa cepet..." Abdi tos biasa urusan anu kieu mah"//penuh senyum yang berarti...hartosna mere duit....duit...Can robah keneh silaing teh.... On 3/9/09, Abu Ula <[email protected]> wrote: > > Mayar PBB online pastina via bank anu tos tiasa online: > ra2osan sadaya bank bumn tos tiasa online, > Swasta diantawisna: bnp, bca > Duka tah bank Jabar banten duka tos online duka teu acan > > Baktos, > Pun AS > > -----Original Message----- > From: Adhitya Nugraha <[email protected]> > Sent: Monday, 9 March 2009 07:46 > To: [email protected] > Subject: Re: [Urang Sunda] Re: Tanpa Dipungut Biaya > > Kang Emod, > > Ari mayar PBB onlen web na naonnya? > > Nuhun > > Adiet > > >

