Ka Sakur Nu Nyebut Siliwangi Lain Islam
Ka
sakur nu nyebut Siliwangi lain islam,
kunaon angger
teu bisa maca kajadian alam,
moal aya kyai
nu bakal mikeun anakna ditikah ku lain islam,
atawa
buktikeun ka kaula mun bener Siliwangi lain islam.
Jentrekeun ka
kaula Siliwangi lain islam,
tunjukeun ka
kaula Siliwangi lain islam,
ulah ukur
sesentak bari hahaokan,
nyarita
sakainget bari ku anjeun sorangan
teu kauteukan.
Ti jaman Adam
nepi ka ayeuna,
euweuh jalma
nu tilem jiga carita salira,
aya oge carita
nu disarekeun di guha kahfi ku Nu Maha Kawasa,
jang
ngabuktikeun kakawasaan gusti Nu Maha Kawasa.
Geus
teges-teges kuring muka carita sabenerna,
ngarah
aranjeun ngarti carita sabenerna,
yen sakabeh
dongeng ngahiangna,
erek
nyasarkeun aranjeun tinu ajaran mantenNa.
Teu kudu
mungkir yen kabeh eta loba nu percaya,
ti jalma
leutik nepi jalma nu ngawasa ieu nagara,
ti jalma bodo
nepi jalma nu seubeuh nyakola,
nepi ieu
bangsa meunang azab ti Nu Kawasa.
Moal paragat
nagara ieu balangsak,
mun angger
kana larangan Allah dirumpak,
utamana
kamusyrikan nu jadi matak,
kunaon hate
aranjeun heuras jiga kulit badak.
Hey ratu
pakidulan,
geus cukup
anjeun ngarusak akidah urang Pajajaran,
kuring bari
muntang ka pangeran,
menta anjeun
indit ti ieu daratan.
Anjeun boga
nyawa kuring boga nyawa,
anjeun teu
kawasa kuring teu kawasa,
geura indit
sakabeh anjeun boga ponggawa,
atawa urang
balitungan disaksian ku Nu Kawasa.