Ulah Hoghag Ku Ngan Ukur Beda Cara
Hey
sakabeh urang sunda nu ngaku umat islam,
saenyana musuh
aranjeun lain nu sarua islam,
ulah hoghag ku
ngan ukur beda cara,
sabab jalma
kafir eta kahayangna.
Keun
we antep jalma nu ngarasa pang islamna anaking,
keun we antep
jalma nu ngarasa pang alusna ibadah anaking,
aranjeun
tegerkeun kana tujuan mimiti anaking,
ngahijikeun
sunda nu beda anaking.
Cukup sakali
aranjeun ngageuing,
cukup sakali
aranjeun nitah maranehna eling,
eta geus
ngagugurkeun kawajiban batan cicing,
paningali Nu
Kawasa moal kapaling.
Dina mangsana
aranjeun mingpin,
ngaping
sakabeh sunda pituin,
nu gorengna di
aranjeun geura disalin,
matak tengtrem
ka jalma-jalma anu dipingpin.
Wayahna ujang,
hirup ulah
kapalang,
ulah didenge
anu nangtang,
ulah beunang
ku batur dibaruang.