Seger pisan macana, komo dina kaayan kuring keur meujeuhna pakepuk mah. Bubuhan tulisan wartawan, keren abis jeung gaol. Sigana lamun dikumpulkeun tulisan-tulisan kang MGT ieu geus meujeuhna dipedalkeun. Penerbit mana nya anu wanian medalkeunana?
manar . 2009/3/23 Maman Gantra <[email protected]> > Sunda?** > > > > Salila iinternetan atawa mimilisan, hususna milis-milis kasundaan, kuring > remen manggihan posting-posting nu sipatna ngotektak atawa tumanya ngeunaan > naon jeung kumaha Sunda teh. Boh nu asupna tina sajarah, budaya, > filsafat, atawa “agama” pisan. Kituna teh teu saeutik patanyaan-patanyaan > tadi nu “sasab” kana koropak kuring. Mun dikumpulkeun mah, sigana leuwih ti > sapuluh urang nu “sasab” jeung “pareumeun obor” siga kitu teh. Kabeh > tumanya: Naon jeung kumaha ari (urang) Sunda teh? Bari aya oge nu rumusan > patanyaannana meleg-meleg filosofis abis: “Kang, naon ari hakekat Sunda > teh?”. Na, aing teh guru tarekat make ditanya hakekat-hakekat sagala? > Boro-boro nerangkeun hakekat, ngaji sareat ge teu parat-parat. Komo deui ieu > hakekat Sunda. > > Geus katoong, jalma-jalma cerewed jeung euweuh gawe kitu teh umumna barudak > ngora – nu umurna can nepi ka 25 taun (mudah-mudahan sing paranjang umur, > bari walagri jeung rahayu). Aya nu ngaku mahasiswa di Yogya, di Lampung, oge > di Semarang. Tapi, aya oge nu ngaku mahasiswa di Bandung jeung…Serang! > > Satemenna, rada munasabah mun mahasiswa “in exile” -- nu sarakola atawa > urang Sunda nu bumen-bumen di Yogya, Lampung, atawa Semarang -- miboga > patanyaan kitu teh. Tapi, nu “matak helok”, mahasiswa di Bandung jeung > Serang? Ngahaja kecap “matak helok” make tanda kutip (panyurek?). Sabab, > satemenna, nya teu pikahelokeun oge. Rek di mana rek di mana, ceuk cenah, > salila panonpoe kumelendang manusa teu weleh tumanya ngeunaan dirina. Saha, > ti mana, rek ka mana. Kaasup, nya nanyakeun saha jeung kumaha pakait jeung > komunitas atawa sekeseler dirina. Sok komo mangsa kiwari, mangsa “Sunda > (geus lila) carem” jeung “jati kasilih ku junti”. > > Mun keur waras jeung purun, eta panalek teh sok dilayanan. Sanajan, > tangtuna ge sipatna ngacapruk. Lian ti perkara watek, oge rumasa teu nyaho > nanaon. Kadar kurah-koreh tina pabetekan nu sipatna walurat. Malah leuwih > sering kadar nuduhkeun [email protected] jeung > [email protected], nu ku implengan kuring bakal bisa mere jawaban nu > sipatna leuwih komprehensif. (Bari sakapeung, komentar-komentar nu nyampak > malah leuwih ngacapruk atawa teu luyu jeung pangharepan kuring sorangan). > Atawa, mun nanya perkara sajarah, nunjuk Wikipedia jeung > www.cikalbogor.20m.com. Kadieunakeun, sanggeus tepang jeung si Ambu, nu ku > pikiran bakal mere jawaban nu leuwih jelas tanggungjawabna (ilmiah), paling > heunteu tina jihad arkeologi, sok ditaruduhkeun ka anjeunna. Teuing > dijarugjug heunteuna mah. > > Enya kuring sorangan teu bisa ngajelaskeun kalawan ngaberele bari parat > naon jeung kumaha (urang) Sunda teh. Lain bae kuring teu boga kaahlian dina > perkara eta, tapi, nu pangpentingna, mun kuring jujur mah: Jadi urang Sunda > teh ukur di internet, dina milis. Dina kahirupan sapopoe mah kuring teuing > jadi naon. Malah, remenna mah (boa-boa) teu jadi manusa-manusa acan. Ukur > daging jeung tulang nu ijigimbrang meakkeun waktu ku udud, nyatu, jeung > numpakan pamajikan. Kalan-kalan, siga nu heueuh, kutrak-ketrek hareupeun > komputer – neangan duit, keur meuli udud, nyatu, jeung ngabajuan pamajikan > atawa ngabringkeun barudak ka Jalan Sabang – diselang ku ngilu > ungked-ungkedan di masigit, nyumponan kawajiban bari susuganan hirup kuring > luyu jeung kahoyong Anjeunna. > > Daek beunghar salelembur, saencan manggih [email protected], > Sunda (persisna mah etnisitas) lain hiji faktor pikeun sakuringeun. Sanajan, > sawatara batur gawe atawa batur ulin teu arang ngahukuman kuring ku > stereotype-stereotype nu remen dituduhkeun ka urang Sunda. “Tukang kawin”, > “gumenak”, “pamalesan”, jste. (Teu nyarahoeun, kadieunakeun, di lingkungan > urang Sunda sorangan kuring sok disarebut “teu nyunda”, “sekuler”, “teu > nyaho di temah wadi”, “ahli bid’ah”, “kasep”, jste). Kuring leuwih sering > ngaheheh mun geus kitu teh. Rek naon deui? Kateuteuari ngalayanan > jalma-jalma garumasep kawas kitu. > > Anapon kitu, sanajan – cenah -- ti pihak indung, kuring boga getih > Tionghoa, mun ditanya ngeunaan “urang mana”? Kuring sok ngajawab “Sunda”. > Hayang eta ge ngaku urang Samoa, urang Uygur, atawa kokocoran Bani Hasyim > pisan. Tapi, saha nu percaya? Lain bae lahir jeung gede di Bandung, tapi > pan, ngaran ge Maman? Nu dianggap “nyunda pisan”! (Sanajan, Maman Suherman, > baheula mah gawe di tabloid Nova, satemenna urang Bugis nu lahir di Tasik. > Malah kuring kungsi manggihan jalma nu meleg-meleg urang Palembang jeung > Lampung nu oge ngaranna Maman. Kitu deui, sawatara poe ka tukang, kuring > ngorehan sakur ngaran Maman di facebook. Dua di antarana, basa ditoelan, > meleg-meleg “euweuh” pakuat-pakaitna jeung Sunda. Nu hiji urang Malaya > turunan Ponorogo, nu hiji urang Balikpapan. Malah di Perancis mah loba pisan > nu disarebut Maman teh). > > Tangtu kuring -- oge tiap manusa nu kumelendang di alam dunya ieu -- teu > bisa milih jadi urang mana. Etnisitas, indung-bapa, nini-aki, salah sahiji > hak prerogative Pangeran. Mutlak. Teu bisa diongget-ongget samicron oge. > Tinggal kumaha urang ngengklokan kanyaah Pangeran eta. Naha rek ditarimakeun > kitu bae, tumamprak kana naon nu nyampak, atawa rek diigelan – dina harti > diuma-ome luyu jeung amanat lian Anjeunna, yen urang lian ti jadi * > Abdullah* teh oge *Khalifatul lil ardi*. Nginjeum slogan nu diasongkeun > baturan gawe keur hiji caleg: “Hidup memang pemberian, tapi kehidupan adalah > pilihan”. Hehehe… > > Kukituna, kuring remen nyalenggorkeun patanyaan-patanyaan abstrak jeung > rada-rada filosofis tadi kana jawaban-jawaban nu sipatna praktis. Malah > matre pisan. Maksud kuring, manan ngadefinisikeun (budaya jeung manusa) > Sunda mending noong kondisi sosial ekonomi urang Sunda kiwari. Pan, cenah, > IPM Jawa Barat jeung Banten teh teu leuwih ti budak SMP. Beh dituna, kumaha > kira-kira carana urang bisa ngilu ngomean eta kaayaan. Naha teu leuwih hade > mun urang mikiran sangkan bisa ngadegkeun Partai Politik Sunda? > > Teuing. Eta tawaran teh remen bantet. Boro-boro bisa prak dina hiji > kagiatan nu kongkrit, dalah wangkongan ge teu laju-laju acan. Tetela, keur > maranehna mah, meureun, perkara “naon Sunda” teh kacida penting pisan. (Bari > pamalesan atawa ogo kacida. Arang mere pamanggih sorangan. Hayang dihuapan > bae). Dalah, diajakan ngawaas bujurna Luna Maya atawa Aura Kasih ge nu > “sarasab” teh teu paruruneun. Teu embol-embol deui. > > Enya. Ngeunaan hal-hal nu pakait jeung budaya, manusa, atawa sajarah Sunda, > kuring lain bae teu loba kaweruh. Di mana aya ge standar pisan: Pajajaran, > Sri Baduga, Galuh, Ajip Rosidi, Oto Iskandar di Nata, Saritem, Ma Erot, > Rahayu Effendi, Pangeran Jayakarta, Cipinang, Hetty Koes Endang, jste. Kitu > ge sawareh mah meunang mulungan tina internet atawa ngareungeukeun omongan > batur. Lain meunang ngotektak sorangan. Sok komo nepi ka nyosok jero mah. > Leuwih ti kitu, asa pamohalan ngaberelekeun perkara Sunda kalawan parat tur > lengkep. Komo kadar dina hiji surelek. Mukaan perkara sastrana bae, nu cenah > salah sahiji produk budaya, sigana, bisa meunang 6.574 tesis doktor. (Teu > percaya jumlahna nepi sakitu? Coba bae tataan ku sorangan!). Sok komo > ngaberelekeun hakekat Sunda. > > Pon karya sastra atawa kitab-kitab buhun sarupaning *Siksa Kanda Ng > Karesian* atawa *Bujangga Manik*? Keur sakuringeun, can karuhan eta > titinggal karuhun teh sarupaning “pandangan hidup orang Sunda”. Komo > BujanggaT Manik mah, pan kadar catetan perjalanan hiji inohong Sunda zaman > baheula. Siksa Kanda Ng ge teu munasabah taya lian iwal ti karya salah > saurang filosof/resi Sunda zaman harita. Can karuhan jadi “ageman” kumna > urang Sunda. Boa-boa, urang Galunggung atawa urang Galuh sorangan ge teu > kabeh ngagem eta piwulang. Karuhan urang Marunda, Malingping, Pasir Maung > atawa urang Sentul mah. Di mana enya ngaragem ge, meureun, ukur elit-elitna. > Somah atawa cacah kuricakan mah duka teuing ngagem naon. Boa kitu ge. > > Tangtu bae ku nyodorkeun pipikiran siga kitu kuring lain rek nyaram macaan > kitab-kitab buhun tadi, atawa nalungtik budaya jeung manusa Sunda umumna -- > sakumaha kuring sok “nyapirakeun” budayawan atawa hal-hal lian nu pakait > jeung “kabudayaan”. Tapi, sabalikna: Kotektak eta titinggal karuhun teh. Asa > piraku aranjeunna teu ninggalkeun nanaon pisan, nu aya mangpaatna keur urang > kiwari – oge jaga. > > Ngan, nu ku kuring rek ditepikeun, lain bae tong kadar nanya (komo nanya ka > kuring mah -- da lain ahlina). Tapi, teangan ku sorangan. Geus meunang atawa > geus manggihan, embrakkeun atawa wartakeun ka nu lian. Sangkan bisa > dipagunemkeun dumasar kana kaahlian jeung pamanggih sewang-sewangan. Tong > ngan hayang dihuapan bae. Atawa, siga kuring, kadar mulung muntah. Beh, > dituna, mun tea mah Sunda teh teu kapanggih. Keukeuh kiruh atawa burem, nya > jieun bae ku sorangan. Da, moal dosa ieuh. Nyieun Sunda Anyar! > > Oge, nu pangpentingna, urang kudu kritis dina maca jeung ngamumule > titinggal karuhun eta. Sabab, nu katoong ku kuring, ngotektak kabudayaan teh > (utamana nu sipatna buhun atawa tradisional) lain bae sok tikosewad jadi > “seniman” – nepi ka urang geus ngarasa jadi urang Sunda ku cukup bisa nabeuh > degung atawa, nu dina prak-prakan ngokolakeun nagara atawa jalma loba, > sakumaha nu diprakkeun di hiji kabupaten: Cukup ku dipangsi jeung di kampret > hideung tiap poe Kemis. > > Lian tikosewad jadi “seniman”, oge sok dibarengan sikep konservatif. Nu > antukna malah jadi anti kabudayaan. Kabudayaan, kamotekaran jelema, nu > pantesna mekar, sumarambah jeung tumuwuh (dinamis) jadi beku. Eureun jadi > “budaya” atawa “tradisi”. Jajauheun jadi hiji peradaban nu canggih. Sakalina > budaya atawa tradisi tadi kasered, obah atawa leungit pisan, urang sok > melankolis. Nyeungceurikan nu geus euweuh. Sunda tideresa kadar jadi bartu, > lain hiji sumanget nu sipatna organik -- mekar. > > Atawa, sikep nu teu kurang “reaksioner” atawa “konservatif” tadi: Nolak > sakur nu datang ti luar. Lain bae dina perkara “JIL”, “Goenawan Mohammad”, > “Paramadina”, “Syiah” atawa “Ahmadiyah”. Tapi, oge sikep “anti-Barat”. Pedah > mamanggul hitar atawa nyanyina gogorowokan, si Candil Seurieus teu dianggap > nyunda. Atawa lain urang Sunda pisan. Padahal, keur kuring, ieu band teh > Sunda pisan. Tingali bae ngaranna ge “Seurieus”. Hiji semiotika nu lahir > tina kakuatan budaya Sunda nu teu ringrang nyageuhgeuykeun diri sorangan. > Pon kitu deui laguna, “*rocker juga manusia*…”. Keur kuring mah hiji > parodi nu Sunda abis. > > (Kituna teh, sikep “konservatif” tadi sok dibarungan sikep nu teu konsisten > atawa teu konsekuen. Sakumaha nu sok disindirkeun ku Bah Willy, dina konteks > mimilisan atawa iinternetan, masih keneh ngeukeuweuk “produk-produk Barat” > ieu. Sanajan, keur kuring mah aya alusna oge, Mun ceuk jurus kungfu mah – > meureun : Meupeuh musuh ku tanaga batur. Sakumaha hiji grup band lianna, nu > salah sahiji laguna *Anak Cucu Perang Badar*, meupeuh Amerika ku lagu-lagu > nu iramana hiphop! Jo,jo,jo…). > > Heueuh, (urang) Sunda teh lomba wandana geuning. Boh alatan jarak, oge > waktu. Lian ti Sangkuriang, Si Kabayan, atawa Lutung Kasarung. Urang ge boga > Aa Gym, si Candil, Rieke Diah Pitaloka, atawa Julia Suryasumantri – putuna > Iwa Koesoema Soemantri, isterina almarhum Ami Prijono – nu > counseling-counselingna dina majalah Gadis taun 70-an, keur ukuran harita, > dianggap malawading alias liberal. > > > > Gang Tengah, wanci pesad sawed, 10 Februari 2009. > > > > > > Maman Gantra > Jalan Salemba Tengah 51, > Jakarta 10440. > 0812-940-5441 > >

