2009/3/23 A Gunawan <[email protected]> > > Basa diajar ngajar basa Sunda ka barudak SMP, kungsi aya murid (lumayan > geulis) nanya, "Pa, apa pentingnya belajar basa Sunda?" Arapap-eureupeup > harita oge, neang-neang pijawabeun, rek dijawab papanjangan, moal mahi jam > pangajaran,,kajaba bangunna moal kahartieun ku budak (da guruna oge teu > ngarti naon pentingna urang ngajar basa Sunda), nya nu kakedalkeun teh > sahayuna, "Meh bisa nawar mun balanja di pasar!". Dipikir deui mah salah > jawaban teh meureun, da budak teh singhoreng balanjana oge di Mall, turta > tara tuwur tawar. > > Cup.. > AG >
Punten ah, bade ngiringan.. Mun di bahasana urang2 bule mah aya istilah "It's true that we don't know what we've got until we lose it". Mun teu lepat mah ku United Nation basa indung teh tos jadi 'valueable biocultural diversity', nu hartina sami pentingna sareng hutan tropis. Ayana basa indung teh ngarah kahirupan tetep imbang, teu beurat sabeulah. Nuhun. Ihsan Faisal, urang Bogor tea, nu tos dua taun ngiringan milis ieu, tapi nembe ayeuna ngirim postingan!

