Punklung teh lain punk angklung, tapi punk calung. Riungan sawala komunitas 
guar simpay nu diayakeun ping 25 Maret 2009 di FIB UI teh nyokot tema Punk-lung 
ti A-Z. Sajaba ti eta, diselang ku ngaguar oge pangalamanna Bapa Don Hasman 
ngadokumentasikeun Baduy. Baraya Kusnet nu ngaluuhan ieu acara teh diantarana 
kang Rahmat Rawyani (nuhun tiasa tepung), kajaba ti panitia teh Agni jeung Kang 
Mumu. Sesana mah, staf pangajar jeung mahasiswa UI nu jadi pamilon teh.

PUNKLUNG
Punklung teh singkatan tina Punk jeung Calung. Basajanna mah budak punk nu 
mawakeun lagu-lagu punk ngagunakeun media calung. Buukna aya nu dirarancung 
(basana teh dimohawk tea), aya nu lenang (basana teh skinhead), aya nu ni 
gimbal (rasta), jeung aya nu dipulas bangun amis. Papakeanana, nya kumaha we 
budak punk nu hirup di jalan-jalan trotoar kota. Sawarehna aya nu mulas awakna 
make mangsi tato, aya nu rimbil ku peperenian dina rarayna (basana fiersing 
kitu?). Ku saliwatan ge ngareret, tangtu geus karasa, beda!

Bedana ieu kelompok punk ti komunitas punk rock nu sejenna nya eta maranehna 
ngagunakeun calung (kaasup kendang jeung goong) dina mawakeun lagu-lagu nu 
karereaanana ciptaan maranehna oge. Lagu-laguna sawareh mah lirikna ku basa 
Indonesia (Darah Juang, Bergerak, jste), tapi teu saeutik oge nu basa Sunda 
(teu apal judulna tapi eusina ngeunaan ngamumule budaya Sunda!). Eta grup 
punklung asalna ti Cicalengka, Bandung. Mimiti ngadeg ti taun 2004, mindeng 
manggung di kampus-kampus jeung dina 'gigs Underground' boh di Bandung, boh di 
luareun kota Bandung. Kungsi maen deuih jeung kang Ibing jeung Darso oge, malah 
mah dina hajatan ge kungsi (Teu kabayang dina hajatan mawakeun lagu Darah 
Juang, lagu nu biasa dibawakeun ku mahasiswa nu daremo!).

Loba nu pro, teu kurang nu kontra. Nu pro nganggap yen ieu fenomena teh 
mangrupa fenomena nu wajar dina kabudayaan, kaasup Sunda. Yen aya sagundukan 
pemuda urang Sunda, nu hirup dina ideologi punk rock, bari teu poho ka temah 
wadina kudu diapresiasi, ditampi ku asta kalih, sumawonna dihiap dibageakeun. 
Kapan nu jadi udagannana oge kumaha carana punk teh bisa leuwih katarima ku 
tukang beca, tukang ojeg, jsb. Kitu deui sabalikna, kumaha carana Kabudayaan 
Sunda (ngaliwatan media Calung) bisa leuwih dipiwanoh ku komunitasna.

Sedeng nu kontra nganggap yen punklung geus mengpar tina tetekon. Numutkeun 
katerangan Abah - juru bicara Punklung - salah sahiji nu kontra teh Lingkung 
Seni Sunda nu geus kahot. Nu kontra lolobana mah justru ti kalangan budayawan 
Sunda, nu nganggap yen aya (meureun) sacangkir kabudayaan Sunda nu murni, nu 
adi luhung. Padahal ceuk vokalis ieu band Punklung mah "Sunda mah aya di dieu!" 
kituna teh bari nunjuk kana hariguna. Nu kudu jadi catetan, komunitas punk nu 
katelah poksang, mahiwal, anti kemapanan, jste. leuwih ngaapresiasi kana 
punk-lung teh, malah ngadukung pisan.

Calung teh cenah mangrupa media munggaran, ka hareupna Insya Allah ngagunakeun 
waditra-waditra Sunda nu sejenna, saperti kacapi, suling, jeung Karinding. 
Cuang tingali wae, naha urang Sunda bakal meungpeukan mata jeung ceulina atawa 
mimiti bisa 'ngawayahnakeun', kitu cenah. Mun tea mah maksudna tinekanan 
(Amin), bakal rea meureun istilah anyar teh, utamana dina kasenian Sunda, 
meureun ka hareupna mah aya PUNKGUNG (Punk jeung Degung), PUNKLING (Punk jeung 
Suling), jrrd. Tapi angger, uing nu PUNK KAS mah (Pangkasepna), hehe.

DOKUMENTASI BADUY DON HASMAN
Giliran Don Hasman nu midang, ngaguar lalakonna panalungtikan di Baduy salila 
34 Taun! Sajaba ti eta ningalikeun hasil dokumentasi kagiatan nalika anjeunna 
di ditu dina wangun slide show. Estu matak herang mata, hasil-hasil fotona di 
eta wewengkon nganangna-nengne panon pisan, asa manggih dulur jauh beda alam.

Sawatara catetan nu perlu dikekentengan. Kahiji, cenah mah ngawangun imah atawa 
jambatan di Baduy teh kudu cacap dina waktu sapoe, dipigawe ku cara babarengan. 
Ana teu rengse dina waktu eta, pamali. Kadua, angklung buncis teh dipaenkeun 
salila 21 jam dina sapoe, salila 3 bulan taya towongna. Waktuna, sapoe ti 
samemeh melak pare nepi ka tilu bulan sanggeusna. Ceuk anjeuna, yen upama 
ditalungtik sacara ilmiah eta sora tina angklung teh frekuensi sorana teu 
dipikaresep ku sarupaning sasatoan nu ngaruksak pare, jeungna, ngarangsang 
sangkan pare leuwih gancang tuwuhna, tur hasilna leuwih nyugemakeun.

Dokumentasi-dokumentasi Don Hasman nembongkeun kahirupan sapopoe masarakat 
baduy, di antarana nyieun wangunan, angklung, ninun, kawin, papakean, pola 
dahar, jste. Ku lilana panalungtikan (34 taun), Don Hasman mibanda koleksi foto 
salah saurang urang Baduy, ti mimiti leutik nepi ka taya di kieuna.

Markas Wiki 26 Maret 2009


      

Kirim email ke