Baraya,
Kasanggakeun reportasena Kang Adit ti pasamoan Simpay-UI. Keur sim kuring, ieu
kamonesan baraya ti Cicalengka teh nembrakeun kumaha budaya (seni) Sunda teu
carem. Malah hurip.
Nyanggakeun...
Baktos,
Pun Maman
=======================
Punklung: Laporan Sawala Simpay
A. Gunawan
Punklung teh lain punk angklung,
tapi punk calung. Riungan sawala komunitas guar simpay nu diayakeun ping 25
Maret 2009 di FIB UI teh nyokot tema Punk-lung ti A-Z. Sajaba ti eta, diselang
ku ngaguar oge pangalamanna Bapa Don Hasman ngadokumentasikeun Baduy. Baraya
Kusnet nu ngaluuhan ieu acara teh diantarana kang Rahmat Rawyani (nuhun tiasa
tepung), kajaba ti panitia teh Agni jeung Kang Mumu. Sesana mah, staf pangajar
jeung mahasiswa UI nu jadi pamilon teh.
PUNKLUNG
Punklung teh singkatan tina Punk jeung Calung. Basajanna mah budak punk nu
mawakeun lagu-lagu punk ngagunakeun media calung. Buukna aya nu dirarancung
(basana teh dimohawk tea), aya nu lenang (basana teh skinhead), aya nu ni
gimbal (rasta), jeung aya nu dipulas bangun amis. Papakeanana, nya kumaha we
budak punk nu hirup di jalan-jalan trotoar kota. Sawarehna aya nu mulas awakna
make mangsi tato, aya nu rimbil ku peperenian dina rarayna (basana Piercing
kitu?). Ku saliwatan ge ngareret, tangtu geus karasa, beda!
Bedana ieu kelompok punk ti
komunitas punk rock nu sejenna nya eta maranehna ngagunakeun calung (kaasup
kendang jeung goong) dina mawakeun lagu-lagu nu karereaanana ciptaan maranehna
oge. Lagu-laguna sawareh mah lirikna ku basa Indonesia (Darah Juang, Bergerak,
jste), tapi teu saeutik oge nu basa Sunda (teu apal judulna tapi eusina
ngeunaan ngamumule budaya Sunda!). Eta grup punklung asalna ti Cicalengka,
Bandung. Mimiti ngadeg ti taun 2004, mindeng manggung di kampus-kampus jeung
dina 'gigs Underground' boh di Bandung, boh di luareun kota Bandung. Kungsi
maen deuih jeung kang Ibing jeung Darso oge, malah mah dina hajatan ge kungsi
(Teu kabayang dina hajatan mawakeun lagu Darah Juang, lagu nu biasa dibawakeun
ku mahasiswa nu daremo!).
Loba nu pro, teu kurang nu
kontra. Nu pro nganggap yen ieu fenomena teh mangrupa fenomena nu wajar dina
kabudayaan, kaasup Sunda. Yen aya sagundukan pemuda urang Sunda, nu hirup dina
ideologi punk rock, bari teu poho ka temah wadina kudu diapresiasi, ditampi ku
asta kalih, sumawonna dihiap dibageakeun. Kapan nu jadi udagannana oge kumaha
carana punk teh bisa leuwih katarima ku tukang beca, tukang ojeg, jsb. Kitu
deui sabalikna, kumaha carana Kabudayaan Sunda (ngaliwatan media Calung) bisa
leuwih dipiwanoh ku komunitasna.
Sedeng nu kontra nganggap yen
punklung geus mengpar tina tetekon. Numutkeun katerangan Abah - juru bicara
Punklung - salah sahiji nu kontra teh Lingkung Seni Sunda nu geus kahot. Nu
kontra lolobana mah justru ti kalangan budayawan Sunda, nu nganggap yen aya
(meureun) sacangkir kabudayaan Sunda nu murni, nu adi luhung. Padahal ceuk
vokalis ieu band Punklung mah "Sunda mah aya di dieu!" kituna teh
bari nunjuk kana hariguna. Nu kudu jadi catetan, komunitas punk nu katelah
poksang, mahiwal, anti kemapanan, jste. leuwih ngaapresiasi kana punk-lung teh,
malah ngadukung pisan.
Calung teh cenah mangrupa media
munggaran, ka hareupna Insya Allah ngagunakeun waditra-waditra Sunda nu
sejenna, saperti kacapi, suling, jeung Karinding. Cuang tingali wae, naha urang
Sunda bakal meungpeukan mata jeung ceulina atawa mimiti bisa 'ngawayahnakeun',
kitu cenah. Mun tea mah maksudna tinekanan (Amin), bakal rea meureun istilah
anyar teh, utamana dina kasenian Sunda, meureun ka hareupna mah aya PUNKGUNG
(Punk jeung Degung), PUNKLING (Punk jeung Suling), jrrd. Tapi angger, uing nu
PUNK KAS mah (Pangkasepna), hehe.
DOKUMENTASI BADUY DON HASMAN
Giliran Don Hasman nu midang,
ngaguar lalakonna panalungtikan di Baduy salila 34 Taun! Sajaba ti eta
ningalikeun hasil dokumentasi kagiatan nalika anjeunna di ditu dina wangun
slide show. Estu matak herang mata, hasil-hasil fotona di eta wewengkon
nganangna-nengne panon pisan, asa manggih dulur jauh beda alam.
Sawatara catetan nu perlu
dikekentengan. Kahiji, cenah mah ngawangun imah atawa jambatan di Baduy teh
kudu cacap dina waktu sapoe, dipigawe ku cara babarengan. Ana teu rengse dina
waktu eta, pamali. Kadua, angklung buncis teh dipaenkeun salila 21 jam dina
sapoe, salila 3 bulan taya towongna. Waktuna, sapoe ti samemeh melak pare nepi
ka tilu bulan sanggeusna. Ceuk anjeuna, yen upama ditalungtik sacara ilmiah eta
sora tina angklung teh frekuensi sorana teu dipikaresep ku sarupaning sasatoan
nu ngaruksak pare, jeungna, ngarangsang sangkan pare leuwih gancang tuwuhna,
tur hasilna leuwih nyugemakeun.
Dokumentasi-dokumentasi Don Hasman nembongkeun kahirupan sapopoe masarakat
baduy, di antarana nyieun wangunan, angklung, ninun, kawin, papakean, pola
dahar, jste. Ku lilana panalungtikan (34 taun), Don Hasman mibanda koleksi foto
salah saurang urang Baduy, ti mimiti leutik nepi ka taya di kieuna.
Markas Wiki 26 Maret 2009
Maman Gantra
Jalan Salemba Tengah 51,
Jakarta 10440.
0812-940-5441