Wah, karek maca tulisan ngaharib "makalah pembanding" make gaya khotbah
heuheu.
Kutan kitu kang Ajip Rosidi (AR) teh kang Maman, katuhu teuing (terlalu
"kanan")? Boa-boa anjeunna teh tos maca oge buku-buku filsafat katimuran
anu ayeuna loba ditoong oge ku urang Kulon. Sok sanajan sakumaha kasauran
kang Mamang, anjeunna teu gaul kana internet, tapi da buku model filsafat
isroqiyyah (Suhrawardi Al Maqtul) atawa "Al Hikmah Al Muta'aliyyah" ("The
Ultimate Wisdom")-na Mulla Sadra, jeung lianna anu kontra alira jeung
filsafat Aristoteles - cikal bakal filsafat Barat, buku hardcopyna geus
lumaya neba di kota-kota badag di Indonesia (di p. Jawa khususna). Moal boa,
Kang AR bisa jadi satemenna geus paham oge Kang kana filsafat-filsafat non
peripatetik teh. Ngan, ngahaja, misina keur ngahudangkeun - leuwih pass na -
ngaprovokasi bakat2 filosof Sunda model Kang Eddy Nugraha, sangkan ngangles
pendapat anjeunna atawa nulis makalah pembanding. Oge, apan Zen sorangan
anu lahir tina Budhisme satemenna geus meh ampir nepi kana postmo, malah
bisa disebutkeun sarimbag jeung postmo dina hal dekontruksi (hehehe, hampura
mun salah pamahaman kuring, munasabah da sarua ngacaprukna). Para sufi oge,
nepi ka tahapan fana, satemenna geus ngadekonstruksi, ngabongkar tatanan anu
ajeg dina pikiranana , tapi, beda hasilna nya :). Tah, salah sahiji hasil
perenungan Kang AR salami di Jepang sigana eta, jurus ngahudangkeun para
(calon) filosof Sunda ku cara sakumaha anu dikomentaran ku Kang Maman.
Sugan, kitu oge.
manar
2009/3/26 Maman Gantra <[email protected]>
> He sakur Bangsa Sunda nu ariman jeung tarakwa…
>
> Mangka aringet maneh sakabeh, yen ieu pangacaprukan dijieun ku kami mangsa
> kami can manggihan posting Kang Eddy Nugraha jeung sawatara komentator
> lianna di Kisunda, nu ngomentaran makalah Pangersa Ajip Rosidi pakait jeung
> Falsafah Sunda. Ngahaja dialungkeun ka dieu, lian ti nambahan naon nu
> disanggakeun ku Kang Eddy jeung nu lianna, sugan bae bisa nambah lieur
> balarea. Sabab, nya alatan lieur eta urang bisa ngilu ngagerakkeun ekonomi
> karakyatan – ku meuli Bodrex ka kios roko (lain ka Gubernuran atawa ka
> pakgade). Sukur-sukur ngilu minuhan masigit, masrahkeun kalieur tadi ka
> Anjeunna. Ngan, poma, maraneh kabeh ulah memener kalieur tadi ka One Erath
> One Nation di Megamendung. Lian ti bisi dicarekan ku MUI, oge sarangeuk di
> jalanna: Macet.
>
> Lian ti kitu, he sakur Bangsa Sunda, alesan nu pangutamana ku naon kami
> ngalungkeun ieu pangacaprukan ka ieu majelis taya lian ti seja nyumponan
> ajian mustika kami: Pupujieun atawa hayang kapuji tea. Kukituna, mari kita
> hayu! Pamuga Persib jadi Juara Liga taun ieu. Amin.
>
> Persib atau Mati!
>
> Ttd
>
> Abu Riga a.k.a Maman Gantra, Lc(d).
>
> *=========================================== *
>
> *Pa Ajip jeung Mari Kita Hayu*
>
> (Ngawangun Falsafah Sunda: Agenda jeung Hahalangna)
>
> Satemenna, nu “kuduna” nyieun ieu “makalah pembanding” teh sarupaning Bah
> Adim, Bah Oca, Kang Oman, Kang Edi Nugraha, Kang Gibson atawa MJ. Mun lain
> Kang Cecep Buldansyah, Kang Iip, atawa Kang HW Setiawan ge. Sabab,
> katingalina, aranjeunna mah sanes bae kadar ngambeuan haseupna sagara
> falsafah. Tapi, oge kokojayan di dinya. Komo Kang Cecep jeung MJ mah keur
> ngaliring kuliah di “Bambang Sugiarto School”. Bari MJ (jeung HW) keur
> nareuleuman Estetika Sunda pisan. Sanajan, cenah, MJ mah studina teh museur
> jeung pakait kana desain interior nu jadi spesialisasina. Tapi, saheunteuna,
> dina panoong kuring, inyana bisa ngomentaran leuwih merenah kana pamendak Pa
> Ajip nu ku MJ diposting ka kisu...@yahoogroups (
> http://groups.yahoo.com/group/kisunda/message/29725). Ku pikiran, MJ lain
> bae bisa medar tina jihad Falsafah Sunda, tapi oge tina Falsafah Kulon.
> Kituna teh ku cara nu leuwih tiis – sistematis, analitis, jeung akademis.
>
> Kuring sorangan rada sangeuk. Lian ti alesan “relijius”, rumasa teu boga
> kaweruh nu cukup ngeunaan naon nu dijagragkeun ku Pa Ajip eta. Boh Sunda-na,
> komo falsafahna. Rumasa ngatung ka ditu ka dieu. Encan perkara resep
> ngacaprukna. Di mana prakna, geus kasawang aprak-aparakan teu puguh.
> Kukituna,
> ieu pangacaprukan teh lir ibarat komentar bola ti jalma buntung jeung
> lulungu nu “lalajo” maenbal nu dikomentarannana tina radio tatangga nu
> sorana leplepan atawa beberebetan. Bari keur hujan ngagebret. Atuh, leuwih
> loba diwawaasna. Loba nyalahannana, manan benerna. Batur surak teh nyurakan
> wasit nu beurat sabeulah, disangkana Persib ngasupkeun bal ka gawang
> Persija. Jaka Sembung make anderok. Tulalit, belekok! Kukituna, tong
> dianggap teuing. Bisi jadi tambah matak. Maksakeun teh pedah bae, nu katoong
> nepi ka tadi subuh (24 Februari 2009), euweuh saurang oge nu ngacung.
> Padahal, dina paningal kuring, aya sawatara hal nu bisa dipisoal atawa
> dipadungdengkeun tina pamendak Pa Ajip eta. Boh nu sipatna daria, boh kadar
> “iseng-iseng berhadiah”, atawa tamba euweuh gawe. Sugan bae jadi filosof.
>
> Ngan, saencan poho, kuring rek nganuhunkeun heula ka MJ nu geus ngalungkeun
> makalah Pa Ajip eta ka kisu...@yahoogroups (jeung urangsu...@yahoogroups?).
> Nya ku alatan posting eta kuring kuring jadi nyaho yen Pa Ajip geus
> digejeburkeun kana peradaban ka genep puluh tujuh nu disebut internet (
> http://ajip-rosidi.com). Sanajan, matak disebut digejeburkeun, Pa Ajip
> katingalina teu tiasa disebat “peserta aktif” dina ieu peradaban teh. Pa
> Ajip kuanjeun kantos nyarios yen anjeunna teu wanoh kana internet. Kukituna,
> kuring oge ngawilujengkeun ka Kang Dadan Sutisna nu tos ngagejeburkeun eta
> inohong. Ku ayana website eta, urang leuwih gampil ngaakses karya-karya Pa
> Ajip. Oge pangwilujeng dihaturkeun ka Kang Dadan wireh desain eta website
> lumayan gaul. Lian ti informatif, desainna oge teu matak peureus kana
> panon.
>
> Maca eta artikel natrat kabaca jeung karasa watek Pa Ajip nu sembada
> sakaligus sinis. Sakumaha disebatkeun Kang Ganjar dina salah sahiji
> artikelna di sundanet.com, Pa Ajip memang “orang Sunda modern” (
> http://www.sundanet.com/?p=246). Ngan, dina paningal kuring, ieu inohong
> teh lain bae modern. Tapi, sakumaha umumna urang kiwari, oge tikosewad kana
> modernisme. Enya, ningali eta makalah, pikeun kuring, Pa Ajip lain bae
> kirang lengkep dina nyodorkeun data, tapi oge pinuh atawa miboga sawatara
> paradoks – mun lain disebut kasalahan fundamental ge. Paradoks atawa
> kasalahan fundamental eta, sakumaha paradoks-paradoks nu umumna tumiba kana
> diri urang salila ieu dina enggoning maca (kabudayaan jeung manusa) Sunda
> taya lian ti: Modernisme.
>
> Mun ceuk istilah barudak (senirupa) Bandung mah, Pa Ajip teh “kurang
> kontemporer” atawa “formalis abis”. Mun, ceuk barudak Moestopo atawa Taring
> Padi, “kagak indie” atawa “kurang kiri”. “Masih antropologis, belum*cultural
> studies
> *,” ceuk barudak Kunci mah. “Teu nyoba mikir ku cara mikir nu jadi
> subyek,” dina babasaan MH – kira-kira – dina salah sahiji komentarna
> ngeunaan hiji hal. “Kurang postmo,” ceuk Kang Aditya Gunawan. Ari ceuk suan
> kuring mah: “Kurang gaul”. Alatannana, nya masih kakurungan ku modernisme
> tadi.
>
> Tangtu bae, kadar ngingetkeun, modernisme di dieu lain sakadar modernitas
> atawa kamodernan -- hiji kondisi nu dianggap alus, pas, ideal, atawa sipatna
> positif – tapi miboga sipat atawa harti nu negatif, kurang alus. Gampangna:
> Modernisme nu ieu mah hiji *mindset* (cara mikir) nu nganggap naon nu
> nyampak di Kulon (Barat – Eropa, Amerika Utara, jeung Australia) salaku
> standar. Kaasup dina noong kamekaran jeung metode berfilsafat. Yen
> filsafat teh “kudu” rasional, analitis, kritis, sistematis, bari tinulis
> sakumaha nu (umumna) nyampak di Kulon. Euweuh lolongkrang lian.
>
> Padahal, sakumaha diaralungkeun ku kalangan postmodernis, salaku koreksi
> kana modernisme, Timur atawa bagian lian nu aya di luar nagara-nagara Kulon
> miboga sajarah nu beda, nu antukna miboga tradisi jeung epistemologi nu teu
> sarua jeung Kulon. Pon kitu deui dina perkara falsafah. Hartina, definisi
> falsafah nu nyampak dina *The Oxford Companion to Philosophy *teh kurang
> pas – mun teu disebut salah ge. Utamana, mun dipake pikeun noong Falsafah
> Sunda.
>
> Lian ti kitu, oge jeung kukituna, definisi filsafat dina noong Falsafah
> Sunda tadi – sigana -- kudu dilegaan. Lain kadar “berpikir tentang
> berpikir” atawa “mikir sacara radikal, nepi ka akar-akarna” sakumaha
> didefinisikeun ku sawatara filosof jeung akademisi. Tapi, “hiji usaha pikeun
> ngahontal atawa mukakeun realitas”. Ku naon kitu? Sabab, nu hawar-hawar
> nepi kana ceuli domba batur, perkara metode atawa cara ngahontal realitas
> tadi teh di urang mah teu salawasna make uteuk (linear atawa cerebral?). Teu
> salawasna mikir – komo make sistematis jeung tertulis mah. Tapi, oge ku
> “rasa” atawa total tea (lateral atawa perenial?).
>
>
> Maman Gantra
> Jalan Salemba Tengah 51,
> Jakarta 10440.
> 0812-940-5441
>
>