He sakur Bangsa Sunda nu ariman
jeung tarakwa… 

Mangka aringet maneh sakabeh, yen
ieu pangacaprukan dijieun ku kami mangsa kami can manggihan posting Kang Eddy
Nugraha jeung sawatara komentator lianna di Kisunda, nu ngomentaran makalah 
Pangersa
Ajip Rosidi pakait jeung Falsafah Sunda. Ngahaja dialungkeun ka dieu, lian ti
nambahan naon nu disanggakeun ku Kang Eddy jeung nu lianna, sugan bae bisa
nambah lieur balarea. Sabab, nya alatan lieur eta urang bisa ngilu ngagerakkeun
ekonomi karakyatan – ku meuli  Bodrex ka
kios roko (lain ka Gubernuran atawa ka pakgade). Sukur-sukur ngilu minuhan
masigit, masrahkeun kalieur tadi ka Anjeunna. Ngan, poma, maraneh kabeh ulah
memener kalieur tadi ka One Erath One Nation di Megamendung. Lian ti bisi
dicarekan ku MUI, oge sarangeuk di jalanna: Macet.

Lian ti kitu, he sakur Bangsa
Sunda, alesan nu pangutamana ku naon kami ngalungkeun ieu pangacaprukan ka ieu
majelis taya lian ti seja nyumponan ajian mustika kami: Pupujieun atawa hayang
kapuji tea. Kukituna, mari kita hayu! Pamuga Persib jadi Juara Liga taun ieu.
Amin.

Persib atau Mati!

Ttd

Abu Riga a.k.a Maman Gantra,
Lc(d). 

=========================================== 

Pa Ajip jeung Mari Kita Hayu

(Ngawangun Falsafah Sunda: Agenda
jeung Hahalangna)

Satemenna, nu “kuduna” nyieun ieu
“makalah pembanding” teh sarupaning Bah Adim, Bah Oca, Kang Oman, Kang Edi
Nugraha, Kang Gibson atawa MJ. Mun lain Kang Cecep Buldansyah, Kang Iip, atawa 
Kang
HW Setiawan ge. Sabab, katingalina, aranjeunna mah sanes bae kadar ngambeuan
haseupna sagara falsafah. Tapi, oge kokojayan di dinya. Komo Kang Cecep jeung MJ
mah keur ngaliring  kuliah di “Bambang
Sugiarto School”. Bari MJ (jeung HW) keur nareuleuman Estetika Sunda pisan. 
Sanajan,
cenah, MJ mah studina teh museur jeung pakait kana desain interior nu jadi 
spesialisasina.
Tapi, saheunteuna, dina panoong kuring, inyana bisa ngomentaran leuwih merenah 
kana
pamendak Pa Ajip nu ku MJ diposting ka kisu...@yahoogroups 
(http://groups.yahoo.com/group/kisunda/message/29725).
Ku pikiran, MJ lain bae bisa medar tina jihad Falsafah Sunda, tapi oge tina
Falsafah Kulon. Kituna teh ku cara nu leuwih tiis – sistematis, analitis, jeung
akademis.

Kuring sorangan rada sangeuk.
Lian ti  alesan “relijius”, rumasa teu
boga kaweruh nu cukup ngeunaan naon nu dijagragkeun ku Pa Ajip eta. Boh
Sunda-na, komo falsafahna. Rumasa ngatung ka ditu ka dieu. Encan perkara resep
ngacaprukna. Di mana prakna, geus kasawang aprak-aparakan teu puguh.  Kukituna, 
ieu pangacaprukan teh lir ibarat komentar
bola ti jalma buntung jeung lulungu nu “lalajo” maenbal nu dikomentarannana tina
radio tatangga nu sorana leplepan atawa beberebetan. Bari keur hujan ngagebret.
Atuh, leuwih loba diwawaasna. Loba nyalahannana, manan benerna. Batur surak teh
nyurakan wasit nu beurat sabeulah, disangkana Persib ngasupkeun bal ka gawang
Persija. Jaka Sembung make anderok. Tulalit, belekok! Kukituna, tong dianggap
teuing. Bisi jadi tambah matak. Maksakeun teh pedah bae, nu katoong nepi ka
tadi subuh (24 Februari 2009), euweuh saurang oge nu ngacung. Padahal, dina
paningal kuring, aya sawatara hal nu bisa dipisoal atawa dipadungdengkeun tina
pamendak Pa Ajip eta. Boh nu sipatna daria, boh kadar “iseng-iseng berhadiah”,
atawa tamba euweuh gawe. Sugan bae jadi filosof. 

Ngan, saencan poho, kuring rek
nganuhunkeun heula ka MJ nu geus ngalungkeun makalah Pa Ajip eta ka
kisu...@yahoogroups (jeung urangsu...@yahoogroups?). Nya ku alatan posting eta
kuring kuring jadi nyaho yen Pa Ajip geus digejeburkeun kana peradaban ka genep
puluh tujuh nu disebut internet (http://ajip-rosidi.com).
Sanajan, matak disebut digejeburkeun, Pa Ajip katingalina teu tiasa disebat
“peserta aktif” dina ieu peradaban teh. Pa Ajip kuanjeun kantos nyarios yen 
anjeunna
teu wanoh kana internet. Kukituna, kuring oge ngawilujengkeun ka Kang Dadan
Sutisna nu tos ngagejeburkeun eta inohong. Ku ayana website eta, urang leuwih
gampil ngaakses karya-karya Pa Ajip. Oge pangwilujeng dihaturkeun ka Kang Dadan
wireh desain eta website lumayan gaul. Lian ti informatif, desainna oge teu  
matak peureus kana panon.

Maca eta artikel natrat kabaca jeung
karasa watek Pa Ajip nu sembada sakaligus sinis. Sakumaha disebatkeun Kang
Ganjar dina salah sahiji artikelna di sundanet.com, Pa Ajip memang “orang Sunda
modern” (http://www.sundanet.com/?p=246). Ngan,  dina paningal kuring, ieu 
inohong teh lain bae
modern. Tapi, sakumaha umumna urang kiwari, oge tikosewad kana modernisme.
Enya, ningali eta makalah, pikeun kuring, Pa Ajip lain bae kirang lengkep dina
nyodorkeun data, tapi oge pinuh atawa miboga sawatara paradoks – mun lain 
disebut
kasalahan fundamental ge. Paradoks atawa kasalahan fundamental eta, sakumaha
paradoks-paradoks nu umumna tumiba kana diri urang salila ieu dina enggoning
maca (kabudayaan jeung manusa) Sunda taya lian ti: Modernisme. 

Mun ceuk istilah barudak (senirupa)
Bandung mah, Pa Ajip teh “kurang kontemporer” atawa “formalis abis”. Mun, ceuk
barudak Moestopo atawa Taring Padi, “kagak indie” atawa “kurang kiri”. “Masih
antropologis, belum cultural studies,”
ceuk barudak Kunci mah. “Teu nyoba mikir ku cara mikir nu jadi subyek,” dina
babasaan MH – kira-kira – dina salah sahiji komentarna ngeunaan hiji hal. 
“Kurang
postmo,” ceuk Kang Aditya Gunawan. Ari ceuk suan kuring mah: “Kurang gaul”.
Alatannana, nya masih kakurungan ku modernisme tadi. 

Tangtu bae, kadar ngingetkeun,
modernisme di dieu lain sakadar modernitas atawa kamodernan -- hiji kondisi nu
dianggap alus, pas, ideal, atawa sipatna positif – tapi miboga sipat atawa
harti nu negatif, kurang alus. Gampangna: Modernisme nu ieu mah hiji mindset 
(cara mikir) nu nganggap naon nu
nyampak di Kulon (Barat – Eropa, Amerika Utara, jeung Australia) salaku
standar.  Kaasup dina noong kamekaran
jeung metode berfilsafat.  Yen filsafat
teh “kudu” rasional, analitis, kritis, sistematis, bari tinulis sakumaha nu
(umumna) nyampak di Kulon. Euweuh lolongkrang lian. 

Padahal, sakumaha diaralungkeun
ku kalangan postmodernis, salaku koreksi kana modernisme, Timur atawa bagian
lian nu aya di luar nagara-nagara Kulon miboga sajarah nu beda, nu antukna
miboga tradisi jeung epistemologi nu teu sarua jeung Kulon. Pon kitu deui dina
perkara falsafah. Hartina, definisi falsafah nu nyampak dina  The
Oxford Companion to Philosophy teh kurang pas – mun teu disebut
salah ge. Utamana, mun dipake pikeun noong Falsafah Sunda.

Lian ti kitu, oge jeung kukituna,
definisi filsafat dina noong Falsafah Sunda tadi – sigana -- kudu dilegaan. Lain
kadar “berpikir tentang
berpikir” atawa “mikir sacara radikal, nepi ka akar-akarna” sakumaha
didefinisikeun ku sawatara filosof jeung akademisi. Tapi, “hiji usaha pikeun
ngahontal atawa mukakeun realitas”. Ku naon kitu? Sabab, nu hawar-hawar
nepi kana ceuli domba batur, perkara metode atawa cara ngahontal realitas tadi 
teh
di urang mah teu salawasna make uteuk (linear atawa cerebral?). Teu salawasna
mikir – komo make sistematis jeung tertulis mah. Tapi, oge ku “rasa” atawa  
total tea (lateral atawa perenial?). 



Maman Gantra

Jalan Salemba Tengah 51,

Jakarta 10440.

0812-940-5441


      

Kirim email ke