AL teh urang cirebon.. ulah asup di bamus mun kitu mah..
heheheheh

2009/3/19 mangjamal <[email protected]>

>
> ayeuna teh ketua DPR RI, urang cirebon. Agung Laksono, orang golkar,partey
> heubeul, urut wadah diktator HMS, partey nu kaitung kuat. mun petisi eta
> nepi ka AL, duka tah jadina kumaha. bisa jadi gumantung sikep AL oge.
>
> kasus Banjar misah ti Ciamis, cek cenah aya faktor inohong nu kuat, boga
> lobi di Jakarta. Ginanjar Kartasasmita. yen ayeuna aya deui kahayang urang
> Ciakid (ciamis kidul) Pangandaran jsb hayang misah ti ciamis, sacara
> prinsip, mangga teh teuing. nu penting kumaha sangkan rahayat ciakid makmur
> bin sejahtera.
>
> sacara geografis jeung pulitik, cirebon misah teu misah ti jawa barat teu
> jadi ngurangan nanaon pikeun urang. sabab masih indonesia. teu patali jeung
> soal sunda lain sunda. urang ka cirebon teu kudu mawa passport jeung visa.
>
> sacara empiris, si kuring ngarasa patali batin jeung cirebon, sabab mother
> of my my grandma, ngumbara ka daerah eta, karangwareng pabuaran beh ditu
> sindanglaut. tangtu asa beda rarasaan, salaku urang gunung (highlander) siga
> si kuring nyaba ka basisir.
>
> kasus di sumut, tapanuli hayang misah, nepi ka teuing kunaha, ketua DPRDna
> tiwas, sigana bisa ngerem para inohong jakarta pikeun ngayakeun moratorium,
> asana hartina ngeureunkeun pemekaran daerah, jrrd. da ongkoh cenah kabukti
> loba nu gagal. niat awal demi kamajuan rahayat daerah, teu kataekan.
>
> kasus tapanuli hayang misah, bisa jadi alatan etnik batak hayang boga
> provinsi sorangan. sabab sumut pastina campur jeung melayu deli, jsb.
> meureun cirebon make unsur 'etnik' nu sawareh sunda lain jawa lain tea.
>
> mun unsur kasajarahan nu rek dipake, yen cirebon mangrupa kasultanan, jeung
> rek mulangkeun kakuasaan pemda ka sultan, nya modelna siga DIY, daerah
> istimewa yogyakarta. jadi DIC, daerah istimewa cirebon. tapi masalahna,
> 'karajaan' di cirebon aya tilu asana, kanoman, kasepuhan jeung cerbon. nu
> mana nu dijadikeun raja/sultan? di jateng, surakarta mah jentre asup
> provinsi jateng.
>
> sacara aku-akuan, yen mun cirebon jadi provinsi, ngawengku indramayu,
> kuningan jeung majalengka (ciayumajakuning), asana eta balik deui ka model
> kolonial, wilayah eta, jaman walanda, karesiden cirebon. mun urang
> majalengka kuningan oge make dadasar eta, nya meureun gabung.
>
>  
>



-- 
-----------------------------------------------------------
AGUS PAKUSARAKAN
+62 812 837 7662
www.garutleather.com
-----------------------------------------------------------
www.independen.wordpress.com

Kirim email ke