Ari si kuring mah nempo tulisan AR teh pinuh ku kamaklum.
Heuheu

maklum nu kahiji, nya pantes we da AR teh SMA oge teu lulus!
Haha. Nulis buku kandel, Hirup tanpa ijasah judulna. Haha. Maksud teu
sarjana teh, lain pelecehan, atawa underestimate kana kamampuna dina segi 
intelektual, da geus kabukti jadi profesor bahasa/budaya indonesia di jepang 
30taun leuwih, jsb, tapi eta, teu kungsi ngalaman proses nulis skripsi atawa 
tesis, terus teu kungsi disidang sarjana. Teu kungsi ngalaman dibantey (istilah 
di lingkungan babaturan sakola si kuring).

Maklum kaduana, nya maca di awal tulisanana, kieu cenah:

Panitia meminta saya berbicara tentang

"Sejarah dan Falsafah adalah dua bidang kajian yang berlainan
dan masing-masing memerlukan keahlian sendiri, sedangkan saya bukan ahli dalam 
keduanya."

Sanajan sikep kitu umumna, pikeun nu sejen, dihartikeun handap asor, tapi da AR 
lain model manusa Sunda nu kitu. AR mah jelema blak-blakan,atra, cekas, kumaha 
we kenteng jatiwangi di  suhunan imah. Haha.


Filsafat barat jeung filsafat sunda
Dua mata kuliah Prof Bambang Sugiharto nu si kuring miluan, filsafat ilmu jeung 
filsafat kebudayaan, asa gagal. Salian ti ngan dibere B, oge asa teu napak. 
Sabab nya kitu, ari filsafat mah sagala salah sagala kudu dipikir ulang, sedeng 
ari si kuring geus napak (fokus) kana subjek calon panalungtikan, soal estetika 
sunda tea. Jadi asa teu nyambung. Soalna mah teu pira, filsafat barat hirup di 
jaman kadua-nu ngalahirkeun jaman katilu, jaman elmu (positivismeu), sedang ari 
falsafah Sunda, mun noong make trilogi jaman eta, lahirna di jaman kahiji.

Soal jaman, cek August Comte asana, dibagi tilu, mimiti, jaman teologi,mitis, 
jaman manusa ngaragem kapercayaan atawa agama jeung baroga pangeran, terus 
metafisika (filsafat) terus elmu (positivismeu). diterapkeun dimana bae, nya 
jadi lieur, da saolah-olah kabeh manusa di dunya teh kitu.

padahal nu ku urang atawa si kuring alaman, eta jaman teh ngahiji aya
kabeh ayeuna. teu runtuy nu hiji aya nu hiji dua euweuh kitu cara cek
comte, da meureun kitu soteh di eropah. nya kabukti di eropa, agama geus teu 
payu, gereja kosong, filsafat oge loba nu ngagugat, malah aya nu nganggap geus 
paeh oge siga agama. kari jaman elmu. eta kitu geus nepi ka asia. jepang jeung 
korea boa singapura oge-nagara industri we.

minggu2 tukang panggih kang yaya seoul. manehna nyarita yen barudak korsel geus 
teu percaya agama, sabab cenah teu mere sumbangan nanaon pikeun kasajahteraan. 
haha

puseur sagala kasalahan teh, mun kaci disebuat salah, sabab kaum intelekttual 
nganggap teori atawa penomena nu aya di barat, make jurus internationalismeu 
atawa modernismeu, berlaku di wewengkon sejen. 

hampura mun tulisan ieu teu ngadon nyacapruk jeung loba salahana 
mj

Kirim email ke