Obrolan Mahasiswa Filsafat

Kamer leutik nyangkewok, 3 x 3 meter, Mahasiswa Universitas Ucing Indis, Si 
Bambang jeung Si Didik keur badami ngabadamikeun sual falasifah urang Kamboja. 
Teu lila, hiliwir seungit calobak. Si Bambang geus euceuy beungeutna kawas 
batako kaduruk. Ana kitu ge, manehna teu daek wae ngaku yen manehna nu jadi 
pucuk ti girangna, palaku utama nu geus ngaliarkeun taleus ateul jeung daun 
kahitutan. Ari Si Didik, heurin ku letah kudu nyedekkeun Si Bambang mah, najan 
geus ateul hayang pok oge. Antukna duanana ukur ungsrak-ingsreuk bari miceun 
beungeut.

"Ehm, meureun ieu nyumput di nu caang teh?!" Ceuk si Didik. 
"Nanaonan atuh Dik, sok nyiar tapak meri dina cai?!" Tembal Si Bambang.
"Moal aya haseup mun euweuh seuneuna.." Didik Nempas.
Geus teu kuat ningali paroman Si Didik nu geus sinis, Si Bambang cengkat, tuluy 
ngaleos kaluar ti kamar.
"Tuh nya, nu ngabubuni tarasi mah....rek kamana atuh?" Si Didik deui-deui 
nyindir. 
"Rek ngising...." Ceuk Si Bambang enteng.


AG

--- On Tue, 3/31/09, MSasmita <[email protected]> wrote:

From: MSasmita <[email protected]>
Subject: [Urang Sunda] Nyumput di nu caang (sambunganana)
To: [email protected]
Date: Tuesday, March 31, 2009, 11:36 AM











    
            


(Lantaran peuting teh kaburu tunduh, posting 
perkara nyumput di nu caang teh can anggeus, tah ieu sambunganana. )
 
4. Nyumput di nu caang teh duka teuing palasifah 
hirup urang Sunda duka naon kasebutna, ngan cek kuring mah eta teh salah sahiji 
kalengkepan taktik perang buhun siga nu disebutkeun dina Sanghyang Siksakandang 
Karesian nyaeta nu disebut makarabihwa, saluyu jeung nu ditulis ku kang 
T.Bachtiar dina PR yen makarabihwa teh ngelehkeun musuh ti jero, ti lingkungan 
musuh sorangan ngagunakeun kakuatan pangaruh.  

         
        
        








        


        
        


      

Kirim email ke