dina basa jiran mah, ngaranna teh ditulis roslee kartawi. ari dipanggil pondokna jiga nyalukan babah, lee, hehehe, jiga pm singapur. numutkeun dongeng ti mr. lee, lemburna teh kota tinggi, johor. cenah di dinya aya komunitas urang sunda, lolobana pendudukna asal ti tatar sunda. duka teuing katurunan kasabaraha.
perkara kasenian jeung sajabana, memang dilema keur urang malaya jaman kiwari jiga kitu. sabab ti borojol lahir di lingkungan kawasan sunda, jawa oge etnis sejenna. nya kangaranan jelema ari pindah sok sakalian oge budayana milu kabawa. urang malaya kiwari ti leuleutik geus mindeng ngadenge angklung, ngadenge lagu-lagu nu asalna ti indonesia. nya antukna asa milikna we, sabab teu arapaleun asal usulna. malah di johor, sainget uing, aya hiji stasiun radio pamarentah nu tiap peuting, mimiti jam 11-an nepi ka jam 1-an, boga acara khusus siaran lagu-lagu keroncong (eta teh unggal peuting sodara-sodara, coba bayangkeun di urang aya stasiun radio nu jiga kitu? mudah-mudahan we aya). (mh) 2009/3/31 mangjamal <[email protected]>: > rusli kartawi, urang malaysia nu cenah turunan sunda. poho deui miluan > kusnetatawa kisunda. nya meureun versi urang na mah, kartawinata. > > memehna nga nga sms, basa nepi jkt, nelpon. ditanya apal hp si kuring > timana? sihoreng ti mang hasan (mh) cenah. nya syukur atuh ari wanoh mah. > > tadi beurang datang ka pangulinan. ngora keneh 39, bujangan, cenah > usahanasarupaning agen tenaga kerja. dibaturan ku urang bandung koponu geus > lila gawedi subang malaysia. > > ngobrol uplek siga nu geus lila wawuh. politik melayu, jsb.cenah kawijakan > ngadatangkeun urang indonesia teh karyana datuk musa hitam,pikeun > nyaimbangkeun komposisi populasi malaysia. harita cina jeung india > rekpopulasina loba cenah, sangkan malayu tetep loba nya ngadatangkeun > urangindonesia, gawe di msyia. harita urang indonesia nu ka msyia gampang > cenahmeunang izin RP, resident permit, malah tereh jadi WNM, marga negara > malaysia.jst. kaharti oge mun angklung batik diaku ku urang mysia, da > turunan atawa urangdieu asalna mah. heuheu... > > mere oleh-oleh sarupaning coklats. moal dibagi ah, jang oleh-oleh ka > imah,ma'lum boga diktator dua, 5 taun jeung 2taun. heuheu >

