Janten kaemutan, basa ngalangkung ka RRI Bandung, ayeuna mah plangna direumbeuy
ku aksara Sunda kuno nu diunicodekeun tea. Duka salah ningali (da dina angkot),
rarasaan tulisan RRI Bandung aya nu lepat. Kecap RRI na mah leres, nganggo
huruf
RRI = 1. ra & pamaeh, 2. ra & pamaeh, nu ka 3 i.
nu aneh teh kecap Bandung = 1. ba, 2. na + pamaeh, 3. ta + panyuku, 4. nga
mun dibaca jadi 'bantunga'. No 3 dina kecap Bandung sakedahna da + panyuku
(vokalisasi u) + panyecek (ng).
Tapi duka ketang, bisi salah ningal, ma'lum, kaparengan nuju kampanyeu PKS,
jadi titingalan teh kaganggu ku bandera nu tinggeleber.
AG