di nagara deungeun-deungeun mah sok ngayakeun referendum mun aya pilihan nu 
mere pangaruh ka rahayat loba.  cara di swedia, denmark, soal milu atawa 
henteuna make duit Euro.

di urang ge nu panganyarna, jaman BJ Habibie presiden, ngayakeun
referendum pikeun urang timor timur, naha tetep gabung atawa misah ti
indonesia. hasilna, misah. cenah mah, samemehna, BJH meunang info ti
intelejen, yen mayoritas urang timtim pro indonesia, jadi BJH wani
ngayakeun referendum eta. hasilna sabalikna, da pastina aya provokasi,
kampanye, jsb nu anti gabung. dina tv, salah sahiji ucapan BJH, nu sering 
kadenge, tong percayaan ka batur...heuheu..

nu munggaran di urang, referendum nu disebut Papera, soal irian
barat/irian jaya. wargana dimenta milih gabung jeung RI atawa misah,
hasilna gabung.

kuduna mah model referendum kitu pantes diayakeun di unggal proses
pemekaran wilayah, sangkan  bener-bener kahayang warga lain elit
politik sanajan ku dpr nu cenah wakil rakyat. utamana model pemekaran nu sebut 
we sensitif, patali jeung adat budaya, jsb.

sigana referendum teh model demokratis oge. saratnya nya nu eleh kudu milu ka 
nu meunang, nu minoritas kudu milu ka nu mayoritas. 

mj

http://geocities.com/mangjamal
http://mangjamal.multiply.com

hayu kang satuju pisan urang ayakeun wangkongan
nu datangna ti urang mayarakat lain ti para pamimpin daerah..
kinten2na kumaha saena nun..

Kirim email ke