baraya, aya nu geus nonton film 'Slumdog Millionaire' ternyata pemukiman kumuh teh lain di Jakarta wae nya. Di India oge aya. samalah kuring mah rada sedih campur jeung ambek, lamun tea mah eta bener aya. jadi bangsa pengemis atawa pengamen anu cacat teh, eta lain cacat bawaan, tapi cacat dihaja.
dina film eta dicaritakeun, aya gembong penjahat anu widang kajahatana nyaeta ngoordinir anak jalanan. si anak jalanan teh sina 'berprofesi' sesuai bakatna. salah sahijina anu berbakat dina hal nyanyi. si budak anu bisa nyanyi, ngahaja panona dikences-keun make sendok panas. atuh budak anu tadina matana walagri bisa ningali alam dunya, ngadadak jadi lolong da panona diruksak. tah boa-boa di Indonesia oge kitu, orang-orang jalanan anu cacat teh, eta hasil dzolim gembong penjahat (pejabat?).

