alhamdulilah ari euceu geus nimu partey nu saluyu jeung kriteria mui mah... ngiring bingah heuheu... mudahmudahan partey kuring ge gera jebul...
d 2009/4/2 roro_rohmah <[email protected]> > Hey Dud, don't make it bad yeah… (kalahka nyanyi lagu The Beatles > heheh…) > Nu satadina rada menyon2 wangun hate rek nyontreng teh, ayeunamah mah geus > buleud, MOAL GOLPUT! > Ray poe-ray poe teh beuki jelas uing mah rek milih Partai Kita Semuah. > Kamari mah rada mangmang & hariwang teh pedah we pamingpinna nyandung > surandung (ups, punten tapi da kanyataan ieu mah pan?) sing ditarurutan ku > rahayatna heheh… > > Sok resep ningali debat di TV One, komo make jurus sospol (sosorongot & > popolotot bin tipeupeuleukeuk marebutkeun paguneman), sok ditungtungan ku > sasalaman, alakur deui. Ayeuna ge masih keneh sok aya iklanna mah alesan > nyandung surandung dijadikeun pakeukeuh-keukeuh… > Sabenerna mah teu kudu mangrieutkeun rek nyandung atawa henteu persidenna, > eta mah urusan manehna. Komo, persiden urang nu ka 1 mah "ceuk ceunah alias > konon" loba gerehana. Uing mah ngan saukur nyipta2… Kacipta we di-shift > meureun tugas ibu negara teh. Mun aya kunjungan kenegaraan, nu tugas > nyarengan mapag tamu di bandara teh istri nu ka 1. Dinner jeung para tamu, > ngaleng istri nu ka-2 …isukna pidato dituturkeun teuteup panon istri nu > ka-3…jeung satuluyna...heuheu…. > > Aya iber yen eta partai kamari-kamari kampanyeu bari ngarojong hiji calon > persiden nu monogami, tah rada enyay-enyayan… & sumanget. Ketang, > sabenernamah alesan uing milih eta partai lain kunanaon, salian loba > leuwihna ti partai lian, sihoreng caleg wanoja nu nepungan indung kuring > tea, babaturan SMA. Ngan hanjakal mun dititenan iber dina koran mah ieu > partey lolobana meunang di wewengkon kota hungkul, di pasisian mah teu > warawuheun. Nya angger we bakal pieleheun. Meureun eta ge, da uing mah lain > pengamat pulitik, tapi ngan saukur rahayat leutik. Aeh, pan tadina mah moal > beja-beja nya? > > ro2 > hese geuning ngetik make aksara leutik wungkul teh, biasa make EYD. > _,___ > -- d-: dudi herlianto :-q ~nyoba ngilu ngabauan dunya~ uaduq.co.cc

