Ngomongkeun partey nu rek dipilih, jadi inget tadi isuk-isuk papanggih jeung babaturan. Si eta ari ngomong teh sok sakecemplungna. Pangangguran ku kuring teh ditanya: "Cenah, rek milih partey anyar euy?"
"Enya, ngan moal milih GERINDRA tapi HANURA", jawabna teh serieus pisan. "Oh ....geuning, ti iraha jadi pendukung Wiranto, tapi teu resep Prabowo, geuning euweuh bejana?", ceuk kuring teh serieus oge, siga pengamat politik. "Eh lain kitu, Gerindra mah matak GERING mikiran RANDA, ari Hanura mah alus, HAYANG NUMPAKAN RANDA!" "Dasar ucing garong!", ceuk kuring teh, bari ngaleos .... Baktosna, WALUYA --- In [email protected], ua duq <dudi.herlia...@...> wrote: > > alhamdulilah ari euceu geus nimu partey nu saluyu jeung kriteria mui mah... > ngiring bingah heuheu... > mudahmudahan partey kuring ge gera jebul... >

