kang kuring pernah maca, carita ajip rosidi jeung pengikut ajaran hhm (haji hasan mustapa), galih pakuan. cek ajip, anggota galih pakuan mah tara saralat, sabab maranehna tuhu kana ajaran hhm nu nyebut: salat teh racun (peun). padahal mun ningali kana literatur sejen nu ngabahas hhm, ucapan nu eta teh aya terusna. mun teu salah, terusna teh 'tapi kuring beuki'. jeung cek bukuna ajip mah euweuh carita nu ngomongkeun hhm tinggal salat.
maksud kuring nyaritakeun hhm, muslim, cek kuring mah dina masalah salat oge pasti rea bedana. aya babaturan nu lulusan gontor yakin yen salat mah teu lima waktu, tapi ukur dua. manehna ngarujuk ka ayat kur'an nu nyebut (mun salah pangmenerkeun, poho) ngan mun teu salah kira-kira kieu: 'salat maraneh di mangsa panonpoe bijil jeung surup'. jadi nya manehna mah salat teh dua kali. ngeunaan jumlah rakaat, kuring teu nanya leuwih jauh. ieu kajadian di taun 2004. terus aya deui babaturan nu ngomong, salat mah teu perlu lamun urang yakin bisa ngajauhan nu keji jeung munkar. cenah. manehna ngarujuk kana aya nu nyebut, 'salat teh bisa nyegah perbuatan keji dan munkar'. meureun diantara anggota jil jil eta ge aya nu maham kana eta dua pemahaman. kade kang da ieu mah meureun heuheu. ngan kuring dina sababara waktu ieu sok ngiluan milis jil, ulil absar mah jigana masih keneh salat jiga urang. ngan duka ari perkara belet beletongna mah haha.. da kuring can pernah ngingintil ulil sapoe jeput. jeung mun ningalian postingan di milis jil, pandangan maranehna, utamana dina pikih, rugam-ragem. teu sarua. nu nyaruaan maranehna nyaeta maham kana kabebasan, liberalisme. aya oge nu tungtungna jadi liberal fanatik, ukur paham liberalna nu pangbenerna, paham sejen... kapir! haha... tah cek kuring mah nu maham jiga kieu, najan liberal, sarua bahayana jeung nu sejen nu asa pangbenerna sadunya... haha... 2009/4/3 Urang Sunda Hudang Euyyy <[email protected]> > nya model kieu we atuh kang... nyimpulkeun mah > contona ceuk iyeu sholat teu menang make usoli > ceuk iyeu kudu make usoli > > mana nu bener kabeh bener > nu salah mana nu tara sholat > > asa jil mah langka sholat da' > kumaha tah... > > majar ceunah sholat cukup ku niat wungkull > > dahar oge niat we wungkul atuh... motong jeung praktek na. > > ceuk qur'an dirikan lah sholat > lain niatkanlah sholat > > rek bener kumaha mun kitu kang... > > mengkaji mengkaji > ditalungtik ditalungtik > ari prak ibadah hanteu > sholat wae di popoho.. > rek kumaha bener > pan ceuk rosul > pangheulna di hisab teh sholat > > nu sholat wae asup naraka mun nu ngalaleykeun kana sholat > kumaha nu hanteu jeung belang bentong > lain asup narak deui atuh nya'' > > kitu we gampang na mah... > > _,___ > -- d-: dudi herlianto :-q ~nyoba ngilu ngabauan dunya~ uaduq.co.cc

