Haturan Kang Rahman; Tadina mah moal waka nimbrung heula. Keur pakepuk ku kagiatan kantor nu numpuk. Rada kasered ku percepatan kegiatan menjelang Pemilu jeung Pilpres. Katambah, siga kang R keur nyusun rumusan akhir nu komprehensif. Tapi pengantar diskusi nu dikintun ku kang R bet lumayan narik ati. Aya kesejajaran pendapat Dennett jeung kuring, ngan kuring mah meureun ti sudut pandang nu beda. Ceuk kuring, aya evolusi dina perkembangan agama sejalan jeung evolusi kebudayaan manusa. Cek bahasa ulama mah "Islam nu diajarkeun ku Nabi Muhammad SAW teh nyampurnakeun Islam nu dicandak ku para Rosul sateuacana". Nu prinsip, mun cek Bennett agama teh hasil karya manusa, kuring yakin agama dirancang ku Gusti Alloh didugikeun ka para Rosul pikeun ditepikeun ka sakumna manusa. Jadi alesan evolusi agama lain ku sabab penciptana (manusa) berevolusi tapi ku sabab nu nyiptakeunana (Pangeran) paham kana perkembangan evolusi budaya manusa. Sakalih ti eta, mun Bennett nganggap gen teu penting dina evolusi agama (nyaeta dina nepakeun agama kolot ka anakna), kuring ngimpleng yen gen mangaruhan kana kapasitas manusa dina spiritualitasna, kaasup kamampuan manusa berinteraksi jeung alam gaib. Dina hal ieu KN Muhammad SAW kasinugrahaan kapasitas genetik nu nyongcolang dina berinteraksi jeung alam gaib (terutama jeung Pangeran) nepi ka anjeuna tiasa nampi wahyu utama dina bentuk Al Quran jeung salawasna diaping ku wahyu dina sasauran atawa berperilaku nu ngahasilkeun sunnah. Perbedaan kapasitas genetik manusa dina berinteraksi jeung alam gaib ieu teh mangaruhan efek meditasi, tirakat, tafakur, dzikir jeung sajabana (nu ku kang Jalal jeung psikolog umumna disebut "food and sleep deprivation") kana kondisi psikologis jeung fisiologis si jalma. Efek kurang sare jeung kurang dahar nu matak ngaganggu kajiwaaan teh berlaku keur jalma nu kapasitas genetikna lemah, ari keur nu kuat mah justru matak ngahasilkeun kaistimewaan. Matak cek kolot ge mun ngaji kalinuwihan teh sok aya nu "teu kataekan", nyaeta meureun nu maksakeun latihan spiritual di luar wates kamampuan genetikna. Sigana dasar anggapan yen fenomena agama teh sapinuhna fenomena alam nu teu aya kaitan jeung supranatural aya kaitan kana teu percayana kana ayana wahyu. Sabab wahyu ge dianggap fenomena kejiwaan nu aya kaitanana jeung gangguan fungsi syaraf tea. Tapi kuring boga pamadegan yen dina ngalarapkeun agama kudu sesuai jeung perkembangan pemahaman ilmiah, ngarah si manusa nu beragama teh boga hate, jiwa jeung perilaku nu konsisten. Jadi memang aya komponen eusi ajaran agama nu didasaran ku kayakinan kana hal nu teu acan aya buktina, tapi oge aya komponen ajaran agama nu didasaran ku bukti ilmiah. Siga dina sains oge aya komponen nu bisa dibuktikeun secara empiris tapi aya nu masih bersifat spekulatif, hese dibuktikeunana ku alat pengamatan jeung percobaan nu aya ayeuna. Kabita hayang milu gempungan di Utan Kayu teh, sugan wae dina waktuna aya ijin ti Pangeran. Kang Maman Gt bade sumping? Cag heula nya Kang geus burit geuning di dieu mah. Kumaha teu pati tiris teuing ayeuna mah di dinya teh?
Salam baktos, AD ________________________________ From: Rahman <[email protected]> To: [email protected] Sent: Saturday, April 4, 2009 15:02:47 Subject: [Baraya_Sunda] Re: agama versus sains? jilid 5 New Email names for you! Get the Email name you've always wanted on the new @ymail and @rocketmail. Hurry before someone else does! http://mail.promotions.yahoo.com/newdomains/aa/

