Muhun Kang, abdi emut keneh waktos nu ju alit
ker sakola didinya mun aya nu terjun sok lupat ka lapangan Sulaiman.
Ningal kapal harita jeng kapal ayena nu rag-rag di Husein sami pisan
tapi duka eta duka sanes kapalna teh teu patos uninga.
Nu Jelas mah leres kapal TNI AU nu aya teh tos mejehna istirahat
tos rarempo mun jalmi mah

Salam Baktos
Urang Kidul tea

  ----- Original Message ----- 
  From: waluya2006 
  To: [email protected] 
  Sent: Monday, April 06, 2009 3:54 PM
  Subject: [Urang Sunda] Aya Kapal Ragrag di Husein Bandung


  Cenah, aya kapal ragrag di Bandara Husein Bandung, tapi lain kapal panumpang, 
kapal TNI-AU Fokker 27 (make kolecer lain jet). Samemehna kapal nabrak hanggar 
PT DI, terus bitu, kahuruan. Panumpangna tantara AU kabeh. Sementara aya 25 
urang nu maot, sadayana ge tantara AU.

  Karunya TNI AU teh, kapal-kapalna taringgaleun jaman kabeh. Fokker 27 teh 
kapal heubeul pisan, di taun 1980'an kuring sering numpak Fokker 27 ari rek ka 
Palembang, bogana Merpati. Ayeuna geus ampir 30 taun, masih dipake keneh ....

  Baktosna,
  WALUYA 



  

Kirim email ke