Cenah, aya kapal ragrag di Bandara Husein Bandung, tapi lain kapal panumpang, kapal TNI-AU Fokker 27 (make kolecer lain jet). Samemehna kapal nabrak hanggar PT DI, terus bitu, kahuruan. Panumpangna tantara AU kabeh. Sementara aya 25 urang nu maot, sadayana ge tantara AU.
Karunya TNI AU teh, kapal-kapalna taringgaleun jaman kabeh. Fokker 27 teh kapal heubeul pisan, di taun 1980'an kuring sering numpak Fokker 27 ari rek ka Palembang, bogana Merpati. Ayeuna geus ampir 30 taun, masih dipake keneh .... Baktosna, WALUYA

