kanggo kang asep nu (sigana) anyar gabung, sabab teu nyaho kaayaan  kusnet:

1.milis kusnet  reuteum ku soal kasundaan, boh sunda seuri, sunda ngebul,
sunda wadul, sunda gaya, sunda balaga, sunda seni, sunda pesimis, sunda
optimis, sunda mistis, sunda bau peuteuy & jengkol, republik sunda,
karajaan sunda,  jst.

2. kaci jejer sejen, sabab urang sunda aya dimana-mana, boga pakasaban
jeung minat nu beda-beda jeung loba

3. mun kang Asep (piraku teu kasep) hoyong terang something on sunda,
mangga taros. sugana ya nu terang. atawa jejer eta kungsi dibahas baheula

4. upami bin lamun kang Asep gaduh pangaweruh soal sunda kasundaan
susundaan, mangga ketrukeun di dieu, urang silih simbeuh nepi ka jibreg
bin kabulusan oge teu nanaon.

nuhun
baktos kuncen #3

mj

http://geocities.com/mangjamal
http://mangjamal.multiply.com

Abdi mah ngaraos aneh ku milis ieu teh. Ongkoh milis urang sunda, tapi nu
dibahas teh naha beut soal aceh, soal agama, JIL, sareng nu sanes2.

Abdi usul, kumaha upami di milis ieu teh ti dumut ayeuna urang majukeun
diskusi sagala rupi anu langsung aya kakaitanana sareng kepentingan
kamajuan urang sunda, yuk.

salam baktos,
AM




Kirim email ke