Milis Kusnet teh sabenerna mah, milis nu ngagunakeun
basa sunda. Tujuanana oge, keur miara basa sunda.
Ngobrol tea, apan sagala diobrolkeun.
Rek pasea, rek busea, curhat, ngabodor atawa kumaha ge mangga.
Topikna mah rupa-rupa. Kumaha keur usumna.
Mun keur usum rambutan nya ngobrolkeun rambutan,
usum pemilu ngobrolkeun eta. Nya pokona mah naon we,
da pabalatak keur piobroleun mah.

asal... apal kana Netiket.

Netiket teh nyaeta, etika dina dunya goib Internet. 
Tetep ngajaga nilei kasopanan. 
Anggep bae cicing dina milis Kusnet teh, urang gaul dina
kahirupan anu nyatu, eh nyata.

Kitu jigana mah....
heueuh ?


-Jay-


--- In [email protected], dede solehudin <jangd...@...> wrote:
>
> jiganamah baraya anyar meureun nya.
> uing oge teu pati ngarti masalah kasundaan, nu pentingmah neangan nu
> mangfaat we.
> lumayan bisa nambahan pangaweruh.
> 
> hehe
> jangdede-ciamis manis manjing dinamis pakena gawe rahayu pakeun heubeul jaya
> dibuana
> 
> 
> 2009/4/13, mj <ja...@...>:
> >
> >
> >
> >
> > kanggo kang asep nu (sigana) anyar gabung, sabab teu nyaho kaayaan kusnet:
> >
> > 1.milis kusnet reuteum ku soal kasundaan, boh sunda seuri, sunda ngebul,
> > sunda wadul, sunda gaya, sunda balaga, sunda seni, sunda pesimis, sunda
> > optimis, sunda mistis, sunda bau peuteuy & jengkol, republik sunda,
> > karajaan sunda, jst.
> >
> > 2. kaci jejer sejen, sabab urang sunda aya dimana-mana, boga pakasaban
> > jeung minat nu beda-beda jeung loba
> >
> > 3. mun kang Asep (piraku teu kasep) hoyong terang something on sunda,
> > mangga taros. sugana ya nu terang. atawa jejer eta kungsi dibahas baheula
> >
> > 4. upami bin lamun kang Asep gaduh pangaweruh soal sunda kasundaan
> > susundaan, mangga ketrukeun di dieu, urang silih simbeuh nepi ka jibreg
> > bin kabulusan oge teu nanaon.
> >
> > nuhun
> > baktos kuncen #3
> >
> > mj
> >
> > http://geocities.com/mangjamal
> > http://mangjamal.multiply.com
> >
> > Abdi mah ngaraos aneh ku milis ieu teh. Ongkoh milis urang sunda, tapi nu
> > dibahas teh naha beut soal aceh, soal agama, JIL, sareng nu sanes2.
> >
> > Abdi usul, kumaha upami di milis ieu teh ti dumut ayeuna urang majukeun
> > diskusi sagala rupi anu langsung aya kakaitanana sareng kepentingan
> > kamajuan urang sunda, yuk.
> >
> > salam baktos,
> > AM
> >
> > 
> >
>


Kirim email ke