lamun enya manusa turunan simpanseu, naha atuh ayeuna aya keneh simpanseu.
lain kudunamah geus jaradi manusa kabeh?
eta karek ceuk logika, lamun ceuk agama mah komo deui.
Kumincir Wikidisastra wrote:
Di hiji 'derenten' atawa taman satwa di Swedia, aya simpanseu anu sok
maledogan jalma-jalma nu ngalalajoan manehna. Estuning ukur maledogan
jalma, da ka balad2na sabangsa mah teu openan. Kusabab kataji, ieu
simpanseu laju ditalungtik, diponcorong sagala polahna salila sapuluh
taun. Hasilna, horeng eta sakadang simpanseu teh, rebun2 memeh
derentenna buka, geus hudang pikeun kukumpul babatuan leutik atawa
talawengkar (talalengkar ceuk uing mah). Kira wanci tengah poe, kakara
manehna maledogan para pengunjung.
Kacindekan: simpanseu bisa mikir, ngakal & nyieun rencana.
http://english.sina.com/technology/p/2009/0309/224523.html
<http://english.sina.com/technology/p/2009/0309/224523.html>
--
sikandar
kumincir.blogspot.com <http://kumincir.blogspot.com>
su.wikipedia.org <http://su.wikipedia.org>
www.urangsunda.or.id <http://www.urangsunda.or.id>