Di hiji 'derenten' atawa taman satwa di Swedia, aya simpanseu anu sok
maledogan jalma-jalma nu ngalalajoan manehna. Estuning ukur maledogan jalma,
da ka balad2na sabangsa mah teu openan. Kusabab kataji, ieu simpanseu laju
ditalungtik, diponcorong sagala polahna salila sapuluh taun. Hasilna, horeng
eta sakadang simpanseu teh, rebun2 memeh derentenna buka, geus hudang pikeun
kukumpul babatuan leutik atawa talawengkar (talalengkar ceuk uing mah). Kira
wanci tengah poe, kakara manehna maledogan para pengunjung.

Kacindekan: simpanseu bisa mikir, ngakal & nyieun rencana.

http://english.sina.com/technology/p/2009/0309/224523.html

-- 
sikandar
kumincir.blogspot.com
su.wikipedia.org
www.urangsunda.or.id

Kirim email ke