Matak pikareueuseun seratan Akang teh,merele raos diaosna, leres2 akang teh 
wartawan senior nu pinunjul, kumaha upami seratan ieu dikintunkeun ka koran PR, 
tangtos saentosna aya parobihan,dirobih janten hiji kritikan anu ngabangun 
supados PR tiasa sapertos Kompas malihan ngalangkungan..
Upami kompas teh kalebet group Gramedia ? Kang Maman masih keneh nyerat, 
dikoran/majalah mana ? 
Hapunten tos culangung, lauk buruk milu mijah.
 
--- On Fri, 4/17/09, Maman Gantra <[email protected]> wrote:


From: Maman Gantra <[email protected]>
Subject: [kisunda] Sunda dina (Koran) Kompas
To: [email protected], [email protected]
Date: Friday, April 17, 2009, 9:58 AM













Sunda  dina Kompas
Salaku urang Sunda nu kungsi jadi wartawan, geus ti zaman mahasiswa  kuring 
ajrih ka koran Kompas. Keur kuring, oge keur urang sarerea, Kompas teh hiji 
media nu jugala. Oplahna ngaratus rewu. Iklanna oge kawilang munel. Teu 
munasabah, taun 80-an, Jacob Oetama dina salah sahiji ceramahna, kungsi 
nepikeun yen manehna bisa ngaharatiskeun koranna ka kum pembacana salila…2 
taun! Kituna teh, eta koran moal nepi ka bangkrut. Alesannana, nya alatan 
panghasilan tina iklan nu lain bae nutupan kabutuhan produksi jeung operasional 
eta koran. Tapi oge nyesakeun kauntungan nu lain saeutik. Kituna teh, ieu koran 
bisa mere karaharjaan nu leuwih ti lumayan ka kum wartawan jeung karyawanna. 
Asana, karek Kompas nu miboga kompleks perumahan wartawan/karyawan sorangan – 
sanajan, tangtuna, teu sakabeh wartawan/karyawanna kawadahan di eta perumahan.
Alatan jugala tadi, teu aneh, mun Kompas lain bae boga pamedal buku jeung 
jaringan toko buku (jaringan distribusi). Ti taun 80-an keneh, ieu koran teh 
geus jadi hiji konglomerasi nu usahana lain bae dina widang media jeung 
informasi. Tapi, geus sumarambah kana widang-widang lianna – nu sipat atawa 
wandana jauh tina urusan media citak. Mimiti bisnis radio, hotel, jeung bank, 
nepi ka tambak udang, pendidikan, jeung pausahaan film. Kituna teh bisnis media 
citak-na ge teu dipopohokeun. Teuing sabaraha puluh majalah, tabloid, jeung 
koran nu mekar di ieu kelompok usaha teh.
Lian ti kitu, husus koran Kompas, kualitas jurnalistikna ge kawilang unggul.. 
Mun teu jadi standar resmi pikeun dunya jurnalistik Indonesia ge, kualitas 
jurnalistik Kompas jelas aya di papan atas – bareng jeung sawatara media 
lianna. Boh karepna ngebrehkeun pasoalan nu nyampak di masarakat, oge cara 
maranehna ngebrehkeun pasoalan tadi. Lain bae prinsip keberimbangan jeung 
akurasi fakta nu pageuh dijaga, tapi oge babasaan nu dipake dina eta koran 
matak tingtrim kana ati. Bari teu ngaleungitkeun karep ngawangung watek jeung 
kasadaran kritis nu macana. Intina, di antara ratusan koran jeung majalah 
kiwari Kompas salah sahiji media nu lain bae bisa dipercaya. Tapi oge elegant 
atawa teu kampungan dina prak-prakannana. Nepi ka, keur sawatara urang mah asa 
can jejeg ngalakonan poe mun encan maca Kompas.
Lian ti kitu, salaku urang Sunda, kuring ningali Kompas  kawilang gede 
“kahaatna” ka urang Sunda. Sanajan, “kahaat” eta bisa oge dibukaan kalawan 
leuwih gemet: Naha eta teh kawijakan resmi eta koran, nu nganggap Sunda salaku 
subyek jenting ? Atawa, kadar “kreativitas” wartawanna? Hususna, wartawan 
senior siga Kang Her (Suganda), nu loba pisan nulis ngeunaan ka-Sunda-an – naha 
nu mangrupa sajarah, budaya, atawa pasoalan sosial-ekonomi nu tumiba ka urang 
Sunda..
Mun tea mah “kameumeut” eta kaluar salaku kawijakan resmi ge, kuring sok remen 
suudzon: Loba soteh ngebrehkeun perkara Sunda, kadar strategi marketing 
wungkul. Nyeueung pembaca Kompas lolobana caricing di Tatar Sunda, komo kiwari 
zaman otonomi daerah, daek teu daek maranehna “ngogo” (urang) Sunda. Lain bae 
ngalobaan warta-warta ngeunaan Tatar Sunda, tapi oge medalkeun Kompas Jabar 
jeung Tribun Jabar. Dina sisi bisnis, Jawa Barat keukeuh pasar media nu 
pangbadagna – nu salila ieu, meh saumur Orde Baru, keur sektor koran, 
dikeukeuweuk ku Pikiran Rakyat. Hartina, munasabah mun maranehna “ngogo” urang 
Sunda ku nembrakeun pasoalan-pasoalan nu nyampak di Tatar Sunda. Kaasup mere 
rohangan nu lumayan lega pikeun tulisan-tulisan atawa kolom ngeunaan 
ka-Sunda-an. (Sanajan, sakapeung, wacana ka-Sunda-an nu nyampak di eta koran 
teh, keur kuring, teu maju-maju. Kitu jeung kitu bae).
Anapon kaitung ngogo jeung katingali "boga kahaat" ka Tatar Sunda, naon bae 
alesannana, aya hal nu keur kuring matak pihanjakaleun tina ieu koran teh: 
Kaweruh jeung kapercekaan pangasuhna dina perkara budaya jeung basa Sunda. 
Kaasup kaweruh nu sipatna standar -- lain kaliber ahli atawa pakar tea. Conto 
nu natrat basa Kompas nulis ngeunaan hiji inohong ti Ciamis. Kuring poho deui 
saha-sahana mah, ngan nu matak ningnang sakaligus matak ngahelas: Dina eta 
tulisan, si inohong teh disebutna “si Mbah”. Padahal, sanajan enya loba urang 
Sunda nu boga karuhun ti Wetan, sakanyaho kuring, kumna lalaki kolot di Tatar 
Sunda, mun teu disebut Abah nya Aki.  Geus kajudi,  wartawan nu nulis eta 
artikel pasti urang Jawa – bari can apal kana kabiasaan urang. 
Nu leuwih natrat deui, dina ngalarapkeun “e” (teleng? Atawa pepet, kitu?) jeung 
“eu”. Enya dina perkara bedahna Situ Gintung kamari. Nu kabaca ku kuring, tiap 
nulis “Cireundeu”, ieu koran jugala nu jadi semi standar jurnalistik jeung 
kumna masarakat teh keukeuh peuteukeuh nulis eta tempat teh jadi “Cirendeu”. 
Karuhan nulis “ojeg” jadi “ojek” mah – nurutkeun letah urang Jawa. Kuring masih 
narima, da – mun teu salah – ceuk Kamus Besar Bahasa Indonesia memang kitu 
kuduna. Tapi, hususon ngeunaan ngaran tempat, salaku urang Sunda, hate teh teu 
merean. Antukna ambek kapegung. Piraku kadar ngaran tempat ge rek diakusisi? 
Pan eta teh bagean tina sajarah? Tina kasadaran budaya? Boa-boa, ieu nu disebut 
“penghapusan Sunda secara sistematis” teh?
Sanajan, nu leuwih "tiis jeung rasional" mah, keur kuring: Ku cara kitu 
satemenna Kompas nyoretan beungeutna sorangan. Wanda intelek Kompas -- nu salah 
sahijina “care” jeung “peka” dina perkara basa jeung kabudayaan lokal --  rada 
ngurangan. Asa manglebarkeun, campur ngahelas. Utamana, mun inget yen eta 
kortan dibaca  ku loba jalma, bari kalangan menengah jeung atas pisan,. Bisa 
jadi naon nu ditulis Kompas teh nya kitu kuduna: Cirendeu. Lain Cireundeu! 
Cileduk. Lain Ciledug! Cipendeuy. Lain Cipeundeuy! Kaharti mun aya pausahaan 
properti keukeuh nyebut Bukit Jonggol. Lain Pasir Maung!
Rek nyieun surat pembaca asa karagok. Lain teu wani, ngan rumasa sok emosional 
(totonden jalma tuna kaweruh!). Ti kamari mula kuring nungguan: Sugan aya urang 
Sunda nu haat ngacung. Ngoreksi eta kasalahan. Can manggih bae. Sugan ayeuna, 
meureun. Sanggeus ieu pangacaprukan dialungkeun ka leuwi Sipatahunan jeung 
Lebak Cawene. Saha kira-kirana nu bisa nyieun surat pembaca keur Kompas, nu 
eusina tiis tapi oge bisa ngajelaskeun “kasalahan gede” eta koran? Tong nepi ka 
aya anggapan siga nu nyalingker di luhur tadi: Ngogo Sunda teh kadar nyombo -- 
mepende hate. Malah, kadar ngamangpaatkeun tibrana nu nuju karulem.
Gang Tengah, deukeut ka asar, 17 April 2009

Maman Gantra
Jalan Salemba Tengah 51,
Jakarta 10440.
0812-940-5441
















      

Kirim email ke