Sunda  dina Kompas

Salaku urang Sunda
nu kungsi jadi wartawan, geus ti zaman mahasiswa  kuring ajrih ka koran Kompas. 
Keur kuring,
oge keur urang sarerea, Kompas teh hiji media nu jugala. Oplahna ngaratus rewu.
Iklanna oge kawilang munel. Teu munasabah, taun 80-an, Jacob Oetama dina salah
sahiji ceramahna, kungsi nepikeun yen manehna bisa ngaharatiskeun koranna ka kum
pembacana salila…2 taun! Kituna teh, eta koran moal nepi ka bangkrut. 
Alesannana, nya alatan
panghasilan tina iklan nu lain bae nutupan kabutuhan produksi jeung operasional
eta koran. Tapi oge nyesakeun kauntungan nu lain saeutik. Kituna teh, ieu koran 
bisa mere karaharjaan nu
leuwih ti lumayan ka kum wartawan jeung karyawanna. Asana, karek Kompas nu
miboga kompleks perumahan wartawan/karyawan sorangan – sanajan, tangtuna, teu
sakabeh wartawan/karyawanna kawadahan di eta perumahan.

Alatan jugala tadi, teu aneh, mun Kompas lain bae boga pamedal buku
jeung jaringan toko buku (jaringan distribusi). Ti taun
80-an keneh, ieu koran teh geus jadi hiji konglomerasi nu usahana lain bae dina 
widang media
jeung informasi. Tapi, geus sumarambah kana widang-widang lianna – nu sipat 
atawa wandana jauh tina urusan
media citak. Mimiti bisnis radio, hotel, jeung bank, nepi ka tambak udang, 
pendidikan, jeung pausahaan film. Kituna teh bisnis media citak-na ge teu 
dipopohokeun. Teuing sabaraha
puluh majalah, tabloid, jeung koran nu mekar di ieu kelompok usaha teh.

Lian ti kitu, husus koran Kompas, kualitas jurnalistikna ge kawilang
unggul. Mun teu jadi standar resmi pikeun dunya jurnalistik Indonesia ge,
kualitas jurnalistik Kompas jelas aya di papan atas – bareng jeung sawatara
media lianna. Boh karepna ngebrehkeun pasoalan nu nyampak di masarakat, oge cara
maranehna ngebrehkeun pasoalan tadi. Lain bae prinsip keberimbangan jeung
akurasi fakta nu pageuh dijaga, tapi oge babasaan nu dipake dina eta koran
matak tingtrim kana ati. Bari teu ngaleungitkeun karep ngawangung watek jeung
kasadaran kritis nu macana. Intina, di antara ratusan koran jeung majalah
kiwari Kompas salah sahiji media nu lain bae bisa dipercaya. Tapi oge elegant
atawa teu kampungan dina prak-prakannana. Nepi ka, keur sawatara urang mah asa
can jejeg ngalakonan poe mun encan maca Kompas.

Lian ti kitu, salaku urang Sunda, kuring ningali Kompas  kawilang gede 
“kahaatna” ka urang Sunda.
Sanajan, “kahaat” eta bisa oge dibukaan kalawan leuwih gemet: Naha eta teh
kawijakan resmi eta koran, nu nganggap Sunda salaku subyek jenting ?
Atawa, kadar “kreativitas” wartawanna? Hususna, wartawan senior siga Kang Her
(Suganda), nu loba pisan nulis ngeunaan ka-Sunda-an – naha nu mangrupa sajarah, 
budaya,
atawa pasoalan sosial-ekonomi nu tumiba ka urang Sunda.

Mun tea mah “kameumeut” eta kaluar salaku kawijakan resmi ge, kuring sok
remen suudzon: Loba soteh ngebrehkeun perkara Sunda, kadar strategi marketing
wungkul. Nyeueung pembaca Kompas lolobana caricing di Tatar Sunda, komo kiwari
zaman otonomi daerah, daek teu daek maranehna “ngogo” (urang) Sunda. Lain bae
ngalobaan warta-warta ngeunaan Tatar Sunda, tapi oge medalkeun Kompas Jabar
jeung Tribun Jabar. Dina sisi bisnis, Jawa Barat keukeuh pasar media nu
pangbadagna – nu salila ieu, meh saumur Orde Baru, keur sektor koran, 
dikeukeuweuk ku Pikiran
Rakyat. Hartina, munasabah mun maranehna “ngogo” urang Sunda ku nembrakeun
pasoalan-pasoalan nu nyampak di Tatar Sunda. Kaasup mere rohangan nu lumayan
lega pikeun tulisan-tulisan atawa kolom ngeunaan ka-Sunda-an. (Sanajan,
sakapeung, wacana ka-Sunda-an nu nyampak di eta koran teh, keur kuring, teu
maju-maju. Kitu jeung kitu bae).

Anapon kaitung ngogo jeung katingali "boga kahaat" ka Tatar Sunda, naon bae 
alesannana, aya hal nu
keur kuring matak pihanjakaleun tina ieu koran teh: Kaweruh jeung kapercekaan
pangasuhna dina perkara budaya jeung basa Sunda. Kaasup kaweruh nu sipatna 
standar -- lain kaliber ahli atawa pakar tea. Conto nu natrat basa Kompas
nulis ngeunaan hiji inohong ti Ciamis. Kuring poho deui saha-sahana mah, ngan
nu matak ningnang sakaligus matak ngahelas: Dina eta tulisan, si inohong teh
disebutna “si Mbah”. Padahal, sanajan enya loba urang Sunda nu boga karuhun ti 
Wetan, sakanyaho kuring, kumna lalaki kolot di Tatar Sunda, mun teu disebut 
Abah nya
Aki.  Geus kajudi,  wartawan nu nulis eta artikel pasti urang Jawa – bari
can apal kana kabiasaan urang. 

Nu leuwih natrat deui, dina ngalarapkeun “e” (teleng? Atawa pepet,
kitu?) jeung “eu”. Enya dina perkara bedahna Situ Gintung kamari. Nu kabaca ku
kuring, tiap nulis “Cireundeu”, ieu koran jugala nu jadi semi standar
jurnalistik jeung kumna masarakat teh keukeuh peuteukeuh nulis eta tempat teh
jadi “Cirendeu”. Karuhan nulis “ojeg” jadi “ojek” mah – nurutkeun letah urang
Jawa. Kuring masih narima, da – mun teu salah – ceuk Kamus Besar Bahasa
Indonesia memang kitu kuduna. Tapi, hususon ngeunaan ngaran tempat, salaku
urang Sunda, hate teh teu merean. Antukna ambek kapegung. Piraku kadar ngaran 
tempat ge rek diakusisi?
Pan eta teh bagean tina sajarah? Tina kasadaran budaya? Boa-boa, ieu nu disebut
“penghapusan Sunda secara sistematis” teh?

Sanajan, nu leuwih "tiis jeung rasional" mah, keur kuring: Ku cara kitu 
satemenna Kompas nyoretan
beungeutna sorangan. Wanda intelek Kompas -- nu salah sahijina “care” jeung
“peka” dina perkara basa jeung kabudayaan lokal --  rada ngurangan. Asa 
manglebarkeun, campur
ngahelas. Utamana, mun inget yen eta kortan dibaca  ku loba jalma,
bari kalangan menengah jeung atas pisan,. Bisa jadi naon nu ditulis Kompas teh
nya kitu kuduna: Cirendeu. Lain Cireundeu! Cileduk. Lain Ciledug! Cipendeuy.
Lain Cipeundeuy! Kaharti mun aya pausahaan properti keukeuh nyebut Bukit
Jonggol. Lain Pasir Maung!

Rek nyieun surat pembaca asa karagok. Lain teu wani, ngan rumasa sok
emosional (totonden jalma tuna kaweruh!). Ti kamari mula kuring nungguan: Sugan
aya urang Sunda nu haat ngacung. Ngoreksi eta kasalahan. Can manggih bae. Sugan
ayeuna, meureun. Sanggeus ieu pangacaprukan dialungkeun ka leuwi Sipatahunan
jeung Lebak Cawene. Saha kira-kirana nu bisa nyieun surat pembaca keur Kompas,
nu eusina tiis tapi oge bisa ngajelaskeun “kasalahan gede” eta koran? Tong nepi
ka aya anggapan siga nu nyalingker di luhur tadi: Ngogo Sunda teh kadar nyombo
-- mepende hate. Malah, kadar ngamangpaatkeun tibrana nu nuju karulem.

Gang Tengah, deukeut ka asar, 17 April 2009



Maman Gantra

Jalan Salemba Tengah 51,

Jakarta 10440.

0812-940-5441


      

Kirim email ke