Eta karek bupati na!
Saluhureuna?
Mugia dipenjara siah 'jing


-----Original Message-----
From: H Surtiwa [mailto:[email protected]]
Sent: Tuesday, April 21, 2009 3:01 PM
To: [email protected]
Subject: Re: [Urang Sunda] Warteg yes!, Mc Setar Baks no!





Kang Irpan  tadi dina TV Bupati pandeglang didemo ku warga..cenah
korupsi ngan saeutik tapi teu kira2 ngan 200 Milyard Rp..pantes atuh
parebut jabatan Bupati teh...Wanian pisan..
On 4/21/09, irpan rispandi <[email protected]
<mailto:[email protected]> > wrote:

nuhun keterangana pa Haji.
kuring nu tadina teu nyaho jadi nyaho  ngeunaan "Natural Resources".

mun geus kieu mah puguh atuh, anu kudu dikadek teh koruptor nya.
ke rek ngasah bedogna heula. He..he..he..



H Surtiwa wrote:
kang Irpan, saleresna mah kode jongklokna teh aya di Pajabat sareng
Media anu gumbar gembor yen Nagara urang teh beunghar..beunghar pisan
SDA ceuyah..ceuyah pisan..Tah malapetaka pulitik teh tidieu pisan. Ari
SDA kakara tiasa disebut janten harta mun parantos di ala (benten sareng
kadu Monthong dina tangkalna oge parantos parebut). MUn tos diala eta
SDA teh namina robih tina "Natural Resources =Sumbar daya Alam)" janten
Natural Resources Reserves (Cadangan SDA). Ongkos ngala resources kana
cadangan teh teh MAHAL pisan teu kabedag kunagara. bayangkeun saumur
hirup RI ngan Defisit wae RAPBN teh, padahal parantos ngahutang gede2an
! Hasil tina pajak jeung SDA anu tos diala teh beak didahar...sakali
deui beak didahar (ka lebet dikorupsi). KUmaha atuh sangkan RI tiasa
ngecap kanikmatan SDA , timana ongkos ngalana ? Nya ngengkekeun kanu
boga modal. Undang2 ngabuka salebarna saha wae anu rek ngala asal boga
modal. Kumaha mayar na RI ? mayar tina hasil SDA anu diala ! Aya
prosentase na. jadi mun kang Irpan bade ngala tiasa. Ongkos ngala SDA
ditalangan ku Kang Irpan timana wae asal ulah ti Bank Nagara ataw Swasta
Indonesia (mun kriditna macet, RI pasti ripuh kabgean akibatna). Eta
ongkos egke diganti ku RI mangrupa barang hasil ngala (emas, minyak,
naon wae). Hasil bersihna kakara dibagi antawis RI jeung nu ngala, mn
minyak RI 85%, NU ngala 15%. RI meunang pajeg Pausahaan anu gedena 46%
tina Revenue oge. ETa minyak teu meunang di aku kunu ngala, tapi tetep
bobogaan RI, harga jual ditetepkeun ku RI make mekanisme ICP (Indonesian
Crude Price)..

Naha urang Indo jarang daek usaha minyak ? gede resiko na , gede duitna,
mun gagal langsung malarat loba hutang ! KUlantaran parjanjian jeung
pamarentah dina tahap neangan (eksplorasi) sagala ongkos KAGAGALAN
neangn minyak ditanggung kunu ngala ! Hag siah ! Cnto mun urang rek
ngali sumur minayk dilaut ongkosna $85/sumur. Mun eu hasil. nya rasakeun
wae...rugi siah...RI teu nanggung. Ari pausahaan Asing mah
waranian...luhur elmuna...loba duitna leungit duit $ 500 juta oge...ah
hampang....Kunaon ? Kulantaran upami ahsil ageung nya kauntungan tina
bagian 15% cekap ageungna....eta mah kumaha ageung cadanganna wae.

Ayeuna pamerentah Irak rek ngembangakeun lapangan minyak di Irak Selatan
deukuet basra..cenah cadanganna nepi ka 340 Milyard barrel ( ayeuna haga
$70/barrel). Irak ngondang pausahaan aksasa Asing...lain rek ngajual
minyak tapi rek ngengkenkeun NGALA Minyak..Anu diondang Exxon,
Halliburton, Chevron, CNNOC (China), Elf (perancis), Technip, Mc Dermot

Moammar Khadafi ngala minyakna dikengenkeun ka Sonatrach pausahaan
Perancis..mesra2 wae ti baheula...teu ngagandeng Amerika....Kumaha mun
di Indo mun diala sorangan ? Mun boga dit alus. tapi teu ngajamin mun
teu di KORUPSI. Di pausahaan Asing mah tong boro korupsi..ngabohong oge
bisa kaluar..!
On 4/21/09, irpan rispandi <[email protected]
<mailto:[email protected]> > wrote:

Nuhun keterangana pa Haji,
kuring jadi nyaho ayeuna mah.

ngan sanajan kitu, naha atuh bangsa urang teh anu cenah beunghar,
kieu-kieu wae?
Salian ti korupsi, kapanan geus puguh harta bangsa urang teh dipalingan
ku bangsa deungeun nga-atas namakeun perusahaan Asing nu cenah murni
bisnis.




H Surtiwa wrote:
Hanjakal sanes kitu mekanisme na....Sistimna sistim Frnchise...mayar ti
heula kana hak patent..eta anu asup kaluar ngreg teh...hasil usaha laun
eta restoran boga kang Irpan..nya asup atuh kana kantong sorangan....anu
disyaratkeun ngan kwalitas..jeung rasa kudu saru jeung aslina...Nyatanya
usaha Franchise leuwih nguntungkeun kanu ngajalaneun asal payu
wae...intina kdu payu...lamun henteu eta mayar Franchise na mubazir....

Usaha emas minyak gas mah..jajauheun sareng anu diterangken ku kang
Irpan..tebih pisan..RI can pernah ngajual SDA na ! tepi ka ayeuna oge
can pernah..kulantaran dilarang ku UUD 45 ! KUanon atuh loba pausahaan
asing nya ? tah didinya Kai, Minyak, Emas teh benten sareng jambu batu
anu tinggal ngala...tapi kedah aya modal kanggo ngala....Tah modal
kanggo ngala ieu pamarentah RI anu teu boga ..pangusaha nasional oge
ngan hiji dua (bakrie jeung Medco hungkul, eta oge nginjeum sabagian ka
Bank !)....terus panjang teuing nyarioskeunana...engke dismbung mun keur
teu ari....ERta minyak anu aya di Duri boga saha..Boga pamarentah RI
alias boga rakyat Indonesia... Harga minyakna ditetepkeun ku RI..ICP...
On 4/21/09, irpan rispandi <[email protected]
<mailto:[email protected]> > wrote:

Kang Bohay,
hiji mangsa babaturan kuring kacilakaan tina motor. jempol suku anu
katuhu ngaplek. ceuk dokter moal bisa disambungkeun deui. sanajan
dipaksakeun disambung oge, moal nyambung kalahka buruk, anu ahirna
infeksi.
dina kaayaan kitu, daek teu daek eta jempol suku dikorbankeun, sabab
lamun dipertahankeun oge kalahka ngaruksak kana bagian awak anu sejen.

Restoran luar negri, make hayam jeung pagawe dalam negri.
misalna itung-itungan sederhanana kieu:
- menu restoran saporsi hargana 10.000,-. tah anu sapuluh rebu tea, 2000
keur mayar gajih karyawan, 2000 keur meuli hayam. 1000 keur pajak. anu
5000 disetorkeun ka luar negri.

lamun bangsa indonesia boga emas, kai, minyak bumi, batu bara, jrrd,
kabehanana hargana 1.000.000 eun, misalna.

Terus eta anu sajuta teh dipake balanja di restoran luar negri tea nepi
ka beak. berarti 200.000 balik deui ka bangsa urang, mangrupa gajih
karyawan. 200.000 balik deui ka peternak, 100.000 balik deui ka nagara
mangrupa pajak. tapi anu 500.000,- jadi milik luar negri.

tah sanggeus anu 1.000.000 tea beak, berarti bangsa indonesia kari boga
duit 500.000,-. kabutuhan beuteung tetep jalan, berarti urang balanja
deui ka restoran luar negri tea, nepi ka beak anu lima ratus rebu teh.

sanggeus 500.000 beak, engke bangsa indonesia kari boga duit 250.000,-,
dibalanjakeun deui ka restoran luar negri, kari 125.000, jeung saterusna
nepi ka beak pisan.

nah lo....
geus teu boga duit rek kumaha?






Reka "Bohay" wrote:
Hayang ngilu ngobrol... :D

Kadang butuh euy tempat dahar jiga Mek Di teh, atawa fast food sejenna.
Contona kamari keur di Bali, kuring rada hese neangan kadaharan anu
halal.
Nya daripada hariwang, asup weh ka Mek Di, soalna geus aya standar
halal.

Oge di jabar jeung jakarta, supplier daging hayam jang ka Mek Di teh
pasantren nu boga usaha di widang peternakan.
Bareto mah supplierna teh di daerah cihaurbeuti Tasik, teuing naon
ngaran pasantrenna.

Si Mek Di sanggup mere harga "premium" ka peternak.

-Bohay-
2009/4/20 mh <[email protected] <mailto:[email protected]> >

ieu pangalaman pribadi nya.
terus terang upama keur indit-inditan, kapaksa warung nu sok jadi
pilihan teh,
warung waralaba, jiga mc.d jeung nu lianna. naon masalahna? kusabab
hargana
warung jiga kitu mah standar dimana-mana, moal kabelejog. beda misalna
upama
di perjalanan milih model warteg, sok mindeng kabelejog, hargana ampun
pisan.
ieu teh pangalaman di sababaraha kota, boh jakarta, jogja, oge surabaya.
(mh)

2009/4/20 waluya2006 <[email protected]
<mailto:waluya2006%40yahoo.co.id> >:

>> Kang Iman <firman.raha...@...> wrote:
>> Tapi naha lamun warung sunda mah sok mahal nya ?!
>> geus baleunghar kitu ?
>
> Da bahanna mah tetep we mahal ...hehehe, bade dipasak ala amrik atawa
ala sunda oge. Restoran tradisional (baca: Sunda) ayeuna konsumenna
kelas menengah, jadi hargana ge lumayan mahal. Di Bandung aya
resto-resto Sunda nu jadi tempat bergengsi, jauh ngaleuwihan resto-resto
warabala Amrik nu konsumenna rata-rata budak leutik atawa ABG ...
>
> Nu aneh di Bandung Warteg teu pati laku, beda jeung di jakarta. Urang
Tegal di Bandung biasana jaradi tukang nasi goreng nu didorong-dorong
....
>
> Baktosna,
> WALUYA
>
>
>
> ------------------------------------











This e-mail is confidential and may contain legally privileged information. If 
you are not the intended recipient, you should not copy, distribute, disclose 
or use the information it contains. Please e-mail the sender immediately and 
delete this message from your system. E-mails are susceptible to corruption, 
interception and unauthorized amendment; we do not accept liability for any 
such changes, or for their consequences. You should be aware, that PT TITAN 
Petrokimia Nusantara might monitor your e-mails and their content.

Kirim email ke