Kunaon ieu surelek mucunghul deui ..tapi ti Kang Ydi..kosong teu aya
komentarna...virus kitu......

On 4/21/09, Yuliadi <[email protected]> wrote:
>
>
>
>   Kang Irpan  tadi dina TV Bupati pandeglang didemo ku warga..cenah
> korupsi ngan saeutik tapi teu kira2 ngan 200 Milyard Rp..pantes atuh parebut
> jabatan Bupati teh...Wanian pisan..
>
> On 4/21/09, *irpan rispandi* <[email protected]> wrote:
>
>
>
> nuhun keterangana pa Haji.
> kuring nu tadina teu nyaho jadi nyaho  ngeunaan "Natural Resources".
>
> mun geus kieu mah puguh atuh, anu kudu dikadek teh koruptor nya.
> ke rek ngasah bedogna heula. He..he..he..
>
>
>
>
> H Surtiwa wrote:
>
> kang Irpan, saleresna mah kode jongklokna teh aya di Pajabat sareng Media
> anu gumbar gembor yen Nagara urang teh beunghar..beunghar pisan SDA
> ceuyah..ceuyah pisan..Tah malapetaka pulitik teh tidieu pisan. Ari SDA
> kakara tiasa disebut janten harta mun parantos di ala (benten sareng kadu
> Monthong dina tangkalna oge parantos parebut). MUn tos diala eta SDA teh
> namina robih tina "Natural Resources =Sumbar daya Alam)" janten Natural
> Resources Reserves (Cadangan SDA). Ongkos ngala resources kana cadangan teh
> teh MAHAL pisan teu kabedag kunagara. bayangkeun saumur hirup RI ngan
> Defisit wae RAPBN teh, padahal parantos ngahutang gede2an ! Hasil tina pajak
> jeung SDA anu tos diala teh beak didahar...sakali deui beak didahar (ka
> lebet dikorupsi). KUmaha atuh sangkan RI tiasa ngecap kanikmatan SDA ,
> timana ongkos ngalana ? Nya ngengkekeun kanu boga modal. Undang2 ngabuka
> salebarna saha wae anu rek ngala asal boga modal. Kumaha mayar na RI ? mayar
> tina hasil SDA anu diala ! Aya prosentase na. jadi mun kang Irpan bade ngala
> tiasa. Ongkos ngala SDA ditalangan ku Kang Irpan timana wae asal ulah ti
> Bank Nagara ataw Swasta Indonesia (mun kriditna macet, RI pasti ripuh
> kabgean akibatna). Eta ongkos egke diganti ku RI mangrupa barang hasil ngala
> (emas, minyak, naon wae). Hasil bersihna kakara dibagi antawis RI jeung nu
> ngala, mn minyak RI 85%, NU ngala 15%. RI meunang pajeg Pausahaan anu gedena
> 46% tina Revenue oge. ETa minyak teu meunang di aku kunu ngala, tapi tetep
> bobogaan RI, harga jual ditetepkeun ku RI make mekanisme ICP (Indonesian
> Crude Price)..
>
> Naha urang Indo jarang daek usaha minyak ? gede resiko na , gede duitna,
> mun gagal langsung malarat loba hutang ! KUlantaran parjanjian jeung
> pamarentah dina tahap neangan (eksplorasi) sagala ongkos KAGAGALAN neangn
> minyak ditanggung kunu ngala ! Hag siah ! Cnto mun urang rek ngali sumur
> minayk dilaut ongkosna $85/sumur. Mun eu hasil. nya rasakeun wae...rugi
> siah...RI teu nanggung. Ari pausahaan Asing mah waranian...luhur
> elmuna...loba duitna leungit duit $ 500 juta oge...ah hampang....Kunaon ?
> Kulantaran upami ahsil ageung nya kauntungan tina bagian 15% cekap
> ageungna....eta mah kumaha ageung cadanganna wae.
>
> Ayeuna pamerentah Irak rek ngembangakeun lapangan minyak di Irak Selatan
> deukuet basra..cenah cadanganna nepi ka 340 Milyard barrel ( ayeuna haga
> $70/barrel). Irak ngondang pausahaan aksasa Asing...lain rek ngajual minyak
> tapi rek ngengkenkeun NGALA Minyak..Anu diondang Exxon, Halliburton,
> Chevron, CNNOC (China), Elf (perancis), Technip, Mc Dermot
>
> Moammar Khadafi ngala minyakna dikengenkeun ka Sonatrach pausahaan
> Perancis..mesra2 wae ti baheula...teu ngagandeng Amerika....Kumaha mun di
> Indo mun diala sorangan ? Mun boga dit alus. tapi teu ngajamin mun teu di
> KORUPSI. Di pausahaan Asing mah tong boro korupsi..ngabohong oge bisa
> kaluar..!
>
> On 4/21/09, *irpan rispandi* <[email protected]> wrote:
>
>
>
> Nuhun keterangana pa Haji,
> kuring jadi nyaho ayeuna mah.
>
> ngan sanajan kitu, naha atuh bangsa urang teh anu cenah beunghar, kieu-kieu
> wae?
> Salian ti korupsi, kapanan geus puguh harta bangsa urang teh dipalingan ku
> bangsa deungeun nga-atas namakeun perusahaan Asing nu cenah murni bisnis.
>
>
>
>
>
> H Surtiwa wrote:
>
> Hanjakal sanes kitu mekanisme na....Sistimna sistim Frnchise...mayar ti
> heula kana hak patent..eta anu asup kaluar ngreg teh...hasil usaha laun eta
> restoran boga kang Irpan..nya asup atuh kana kantong sorangan....anu
> disyaratkeun ngan kwalitas..jeung rasa kudu saru jeung aslina...Nyatanya
> usaha Franchise leuwih nguntungkeun kanu ngajalaneun asal payu wae...intina
> kdu payu...lamun henteu eta mayar Franchise na mubazir....
>
> Usaha emas minyak gas mah..jajauheun sareng anu diterangken ku kang
> Irpan..tebih pisan..RI can pernah ngajual SDA na ! tepi ka ayeuna oge can
> pernah..kulantaran dilarang ku UUD 45 ! KUanon atuh loba pausahaan asing nya
> ? tah didinya Kai, Minyak, Emas teh benten sareng jambu batu anu tinggal
> ngala...tapi kedah aya modal kanggo ngala....Tah modal kanggo ngala ieu
> pamarentah RI anu teu boga ..pangusaha nasional oge ngan hiji dua (bakrie
> jeung Medco hungkul, eta oge nginjeum sabagian ka Bank !)....terus panjang
> teuing nyarioskeunana...engke dismbung mun keur teu ari....ERta minyak anu
> aya di Duri boga saha..Boga pamarentah RI alias boga rakyat Indonesia...
> Harga minyakna ditetepkeun ku RI..ICP...
>
> On 4/21/09, *irpan rispandi* <[email protected]> wrote:
>
>
>
> Kang Bohay,
> hiji mangsa babaturan kuring kacilakaan tina motor. jempol suku anu katuhu
> ngaplek. ceuk dokter moal bisa disambungkeun deui. sanajan dipaksakeun
> disambung oge, moal nyambung kalahka buruk, anu ahirna infeksi.
> dina kaayaan kitu, daek teu daek eta jempol suku dikorbankeun, sabab lamun
> dipertahankeun oge kalahka ngaruksak kana bagian awak anu sejen.
>
> Restoran luar negri, make hayam jeung pagawe dalam negri.
> misalna itung-itungan sederhanana kieu:
> - menu restoran saporsi hargana 10.000,-. tah anu sapuluh rebu tea, 2000
> keur mayar gajih karyawan, 2000 keur meuli hayam. 1000 keur pajak. anu 5000
> disetorkeun ka luar negri.
>
> lamun bangsa indonesia boga emas, kai, minyak bumi, batu bara, jrrd,
> kabehanana hargana 1.000.000 eun, misalna.
>
> Terus eta anu sajuta teh dipake balanja di restoran luar negri tea nepi ka
> beak. berarti 200.000 balik deui ka bangsa urang, mangrupa gajih karyawan.
> 200.000 balik deui ka peternak, 100.000 balik deui ka nagara mangrupa pajak.
> tapi anu 500.000,- jadi milik luar negri.
>
> tah sanggeus anu 1.000.000 tea beak, berarti bangsa indonesia kari boga
> duit 500.000,-. kabutuhan beuteung tetep jalan, berarti urang balanja deui
> ka restoran luar negri tea, nepi ka beak anu lima ratus rebu teh.
>
> sanggeus 500.000 beak, engke bangsa indonesia kari boga duit 250.000,-,
> dibalanjakeun deui ka restoran luar negri, kari 125.000, jeung saterusna
> nepi ka beak pisan.
>
> nah lo....
> geus teu boga duit rek kumaha?
>
>
>
>
>
>
>
> Reka "Bohay" wrote:
>
> Hayang ngilu ngobrol... :D
>
> Kadang butuh euy tempat dahar jiga Mek Di teh, atawa fast food sejenna.
> Contona kamari keur di Bali, kuring rada hese neangan kadaharan anu halal.
> Nya daripada hariwang, asup weh ka Mek Di, soalna geus aya standar halal.
>
> Oge di jabar jeung jakarta, supplier daging hayam jang ka Mek Di teh
> pasantren nu boga usaha di widang peternakan.
> Bareto mah supplierna teh di daerah cihaurbeuti Tasik, teuing naon ngaran
> pasantrenna.
>
> Si Mek Di sanggup mere harga "premium" ka peternak.
>
> -Bohay-
>
> 2009/4/20 mh <[email protected]>
>
>
>
> ieu pangalaman pribadi nya.
> terus terang upama keur indit-inditan, kapaksa warung nu sok jadi pilihan
> teh,
> warung waralaba, jiga mc.d jeung nu lianna. naon masalahna? kusabab hargana
> warung jiga kitu mah standar dimana-mana, moal kabelejog. beda misalna
> upama
> di perjalanan milih model warteg, sok mindeng kabelejog, hargana ampun
> pisan.
> ieu teh pangalaman di sababaraha kota, boh jakarta, jogja, oge surabaya.
> (mh)
>
> 2009/4/20 waluya2006 <[email protected] <waluya2006%40yahoo.co.id>>:
>
>
> >> Kang Iman <firman.raha...@...> wrote:
> >> Tapi naha lamun warung sunda mah sok mahal nya ?!
> >> geus baleunghar kitu ?
> >
> > Da bahanna mah tetep we mahal ...hehehe, bade dipasak ala amrik atawa ala
> sunda oge. Restoran tradisional (baca: Sunda) ayeuna konsumenna kelas
> menengah, jadi hargana ge lumayan mahal. Di Bandung aya resto-resto Sunda nu
> jadi tempat bergengsi, jauh ngaleuwihan resto-resto warabala Amrik nu
> konsumenna rata-rata budak leutik atawa ABG ...
> >
> > Nu aneh di Bandung Warteg teu pati laku, beda jeung di jakarta. Urang
> Tegal di Bandung biasana jaradi tukang nasi goreng nu didorong-dorong ....
> >
> > Baktosna,
> > WALUYA
> >
> >
> >
>
> > ------------------------------------
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>  
>

Kirim email ke