Hihihi... sami ketang abdi ge teu apal. Mung saur pun Bapa aya 2 terjun teh nu 
militer & sipil. Nu militer mah sami kelir payungna, ngajlengna rada handap, 
masing handap ge teu wudu we matak pejet heheh. Ditangtoskeun waktos mukana. 
Ari nu sipil mah payungna warna-warni, waktosna bebas. Teu kantos seueur 
tataros, da siswa pun Bapa mah sanes tukang terjun, punten nyanyahoanan... :)

Waktos kajantenan pesawat murag di Husen kamari tea, asa kaemutan ... taun 90an 
siswa pun Bapa kantos "ditambut" ngiring upacara 5 Oktober di Jakarta. Aya 
salah sahiji siswa (duka kunaon pedahnamah) waktos bade uih ka Bandung 
dialihkeun ka pesawat sanes. Di jalan bade pesawat bitu! Ngadangu eta wartos, 
pun Bapa langsung leuleus taya tangan pangawasa, kaicalan siswa sakelas (hilap 
jumlahna), kantun saurang.

mendakan ieu http://www.fasi.or.id/content.asp?contentid=625 bilih aya 
jawabanana di dinya. Geuning Tuti Gantini teh sanes putra pituin Pa Wir...

ro2

>>> [email protected] 04/24/09 10:53AM >>>

Ari terjun static teh naon atuh nya, sanes free fall tea kitu? Teu apal kuring 
mah. 

Kuring mah tong boro ngajleng tina kapal hiber, leumpang di sisi jurang wae sok 
lilinieun ...hehehehe

Baktosna,
WALUYA

Kirim email ke