aya conto sejen nu meureun bisa dijadikeun studi kasus deui

soal JERMAN
jaman dibagi dua, nu hiji jerman barat, nu hiji jerman timur, kaciri bedana 
dina ekonomi atau kamajuan sacara umum. jerman barat leuwih jugala, sedeng 
jerman timur semu nu ripuh.

sanajan duanana jerman, nu meureun boga akar budaya nu sarua, tapi make mesin 
kamajuan (ideologi) nu beda, beda oge nepina. jerman barat mah meureun siga 
eropa barat laina, kapitalis, bin liberalis sedeng jerman timur model uni 
sovyet, sosialis komunis. hasilna bisa disebut jerman timur tinggaleun.

ayeuna, persisna ti awal 90an, ngagabung deui. bisa jadi akar budaya jerman 
jeung ideologi kapitalis bin liberalis mangrupa katalis kamajuan. sanajan 
meureun ayeuna rada ripuh heula, sabab jertim kudu dipermak heula kaayanana, nu 
kungsi hirup di alam sosialis komunis. bisa jadi moal lila deui, jerman baris 
maju leuwih ti nu sejen. sanajan beda ti amrik inggris, di jerman jeung nagara 
eropa kontinental kulon, loba nerapkeun model sosialis, cara pendidikan gratis.

bisa oge, sajarah hiji bangsa nangtukeun kahareupna. cara amerika, nu imigran 
eropa, nu cenah boga sumanget frontier. da imigran nu teu karuat mental atawa 
teu jaragoan mah, meureun geus beak eleh ku indian dipanah atawa dikampak, 
atawa ditembak duel jeung koboy sejen.


cina geus boga sajarah rebuan taun. toong we kalenderna. jadi teu aneh mun 
bangsa eta boga potensi maju, keur mah boga seler dimana-mana, pikeun jaringan 
pasar. lima taun teh cek beja, da buktina mah geus ti beh ditu mula loba barang 
di urang, kaasup boneka, made in china. 
 



Kirim email ke