Atuh leres Kang..pan naekna oge Parebut...bagea pisan naek Beus teh.... Kaalaman ku sayah waktos di SR...resep atoh..padahal sok utah ari naek mobil teh...Beus baheula mah pan chasis Truk...jadi sagala heuras abrug2an.......
On 4/29/09, Avatar Kyoshi <[email protected]> wrote: > > > > > > Kuring nek nyaritakeun pangalaman kuring basa keur ngora. Harita > kuring keur memeujeuhna bengal, pagawean sapopoe jadi supir beus Antar kota > Antar Propinsi, jurusan Jakarta – semarang. Dina hiji poe, sanggeus > ngabereskeun tur ngaberesihan beus anu tas ngelen ti Semarang di garasi > mobil, kuring digeroan ku taukeh (istilah cinana keur sebutan bos), yen > isukan isuk isuk keneh kudu nganteurkeun rombongan ti pasisian karawang, > nek ziarah ka kota Demak, Kudus jeung sabudeureunana. > > > > Sanggeus dibere uang jalan sacukupna, kuring balik ka imah. Isuk isuk > wanci janari kuring geus ngorejat hudang terus ka cai, sholat, terus gura > giru muru ka pool tempat beus anu nek dipake nganteurkeun nu ziarah tea. > Nepika pool langsung ngahirupan beus, gerung..gerung...mobil disada. > Sanggeus mesina panas, geuleuyeung dipajukeun, muru ka tempat anu nyewa di > wewengkon karawang belah kaler. > > > > Teu kungsi lila geus nepi kanu dituju, kasampak anu nek ziarah geus > ngagimbung, ningali beus datang maranehna sing rongheap bari langsung > pahibut paburu buru hayang paheula heula asup, ngan ku panyicia dicaram, > lantaran asup ka beus kudu diabsen hiji hiji sangkan teratur jeung meh > euweuh anu katinggaleun. > > > > Teu kacaritakeun inditkeuna mah, ngan basa balik ka kakarawangkeun, lebah > wewengkon Gringsing (samemeh alas roban, lamun ti arah jawa mah) beus > ngadadak ndut ndutan teu bisa nanjak, duka ku naon da teu aya masalah > samemeh indit mah. > > Beus ku kuring langsung di kasisi jalankeun neangan tempat parkir > anu merenah pikeun ngomean,kap mesina langsung dibuka anu > pernahna digigireun korsi supir ( ku urang jawa mah sok disebut kuburan). > Terus ditaliti ti mana nu ngabalukarkeun beus jalanna jadi ndut ndutan teh, > geus satengah jam ngutak ngatik weleh teu kapanggih bae panyababna. Terus > dipapay deui hiji hiji, ahirna kapanggih, sihoreng spuyer jetna rusak teu > bisa nyemprotkeun solar ka mesin, nya kapaksa kudu nungguan onderdiil, anu > dikirim ti pool karawang. > > > > Harita waktu geus ampir jam 9 peuting, anehna nu ziarah euweuh > saurang saurang nu ngambek, malahan sabalikna siga nu atoh mobil mogok teh. > Sabada mereskeun tutup mobil, kuring nanya ka salah sahiji anu ziarah, > dedeg pangadegna geus aki aki, umurna meureun aya kana 70 taun mah, “Abah > geuningan abah mah siga nu atoh ningali mobil mogok teh, pan alatan mogok, > perjalanan jadi tambah lila!” Siaki pok nembalan: “Lah aki mah malah resep > Pir, ziarah ieu pan diayakeun sataun sakali, jadi ku mogokna beus ieu, jadi > nambahan waktu perjalanan, nya itung itung piknik we lah!” Ditungtungan ku > serengeh. > > > > "Bussyet dah, abong jarang jalan jalan, mobil mogok ge raresep we!” kuring > ngagerentes bari sura seuri sorangan > > ------------------------------ > Terhubung langsung dengan banyak teman di blog dan situs pribadi Anda? > <http://sg.rd.yahoo.com/id/messenger/pingbox/mailtagline/*http://id.messenger.yahoo.com/pingbox/> > Buat Pingbox terbaru Anda sekarang! > > >

