Rampes Ki* Waduh, ieu teh Ki Leuksa tea? Haturan* Kamana wungkul Ki?... nembe ayeuna mucunghuls? Nepangkeun abdi Roro, buit Wado Sumedang. Minangkana mah abdi teh kuncen istri hiji2na di milis.
Mugi janten uninga (fyi), abdi teh "fans berat" dongeng pasosonten Mang Jaya ti Radio Angkasa Kadipaten. Soantenna nu halimpu, kantos nyirep abdi di mangsa taun 80an. Eta mah kuat ka ngagogotong radio (harita mah radio teh baradags) ungkrah-angkrih ti tepas, ka pangkeng, ti pangkeng ka dapur, ti dapur ka pancuran. Jaba dipirig ku sora embe*hiliwirna angin, kereskna daun awi nu diaradu* nyeta, bakat ku sieun tinggaleun ku dongeng hehehe* Tina dongeng-dongeng eta abdi tiasa diajar Basa Sunda, seueur kecap-kecap enggal nu nembe terang, da maklum nuju alit mah seueuerna hirup di Jakarta. MH, tos aya Ki Leuksa mah rencana pasanggiri maca dongeng tea teh tiasa kalaksanakeun yeuh*heuheu* Juri-na tos aya! Wilujeng sumping di Kusnet Ki, mugia sing betah, merenah tur tumaninah, tiasa babagi pangaweruh ka sakur urang Sunda nu aya di ieu milis. Haturnuhun, salam, Roro. >>> [email protected] 04/29/09 04:10PM >>> Sampurasuuun..... Hapunten anu kasuhun, sim Kuring rumaos tumorojog tanpa larapan. Nu dimaksad taya sanes, seja ngiring ilubiung di Kusnet, ngiring aub sarta jabung tumapalung malahmandar aya guna sareng mangfaatna, boh keur sim Kuring boh ka dulur-dulur sadaya. Wasta Ki Leuksa, ti tatar Sunda. Kapungkur mah sok ngajajah milangan kori, ngalalana di jomantara, nepungan baraya-baraya nu aya di desa jeung di kota, nguriling ka tepis wiring, ngajugjug ka lembur-lembur nu aya di gunung-gunung. Tapina ngan ku sawangan, da raga badag mah tetep di imah, diuk dina korsi reyod nyanghareupan meja oyag, ngetik nerektek nulis carita nyambung anu jaman harita mah sok disarebut "dongeng" disiarkeun dina radio-radio swasta. Aeh, naha karek jol geus loba ngobrol. Hampura baraya, bakat ku sono nepi ka poho kana tatakrama. Ujug-ujug panjang cumarita, boa pribumi mah can kumpul lelembutan, naha saha ieu nu karek jebul teh? Tos heula atuh sakitu, moal waka panjang nu dicatur samemeh aya anu ngaku mah. Eee sumuhun, Mang Emot Padaringan, aya ? Sakali deui, hapunten anu kasuhun. Wasalam Ki Leuksa - Sumedang

