Halow Ki... nepangkeun abdi, Jay. Pameget, kasep. kawit ti kuningan. karesepna ngorong. ngorong dongeng. heu heu
-Jay- --- In [email protected], Ki Leuksa Sunda <ki_leu...@...> wrote: > > Alhamdulillah, bagja temen dilawungkeun sareng Neng Roro. > Eta deui ti Wado buit teh, nya? Pan Aki ge digelarkeun ka alam rame teh di > Kamenteng Darmaraja. Ngan ngalalana ka saban tempat, da harita teh pun bapa > dinesna teu matuh. > Hatur salam ka kadang wargi nu aya di Wado sareng sabudeureunana. > Nuhun deuih, urang teh tiasa nyangreudkeun silaturahmi ku acara dongeng, atuh > ayeuna ditumbu ku Kusnet. Emh, panyana teh moal bisa ngobrol di jomantara > kawask kieu. > Nuhun Nyi Roro, ku Aki didoakeun sing mulus rahayu berekah salamet > Perkara eta palay ngayakeun pasanggiri dongeng, hayu lah ! > Insya Allah Aki moal jauh jeung Kusnet.. > > > --- Pada Kam, 30/4/09, Roro Rohmah <roro.roh...@...> menulis: > > > Dari: Roro Rohmah <roro.roh...@...> > Topik: [Urang Sunda] Re: Sampurasun > Kepada: [email protected] > Tanggal: Kamis, 30 April, 2009, 5:15 AM > > > > > > > > > > Rampes Ki⦠> Waduh, ieu teh Ki Leuksa tea? Haturan⦠> Kamana wungkul Ki?... nembe ayeuna mucunghuls? > Nepangkeun abdi Roro, buit Wado Sumedang. Minangkana mah abdi teh kuncen > istri hiji2na di milis. >  > Mugi janten uninga (fyi), abdi teh âfans beratâ dongeng pasosonten Mang > Jaya ti Radio Angkasa Kadipaten. Soantenna nu halimpu, kantos nyirep abdi di > mangsa taun 80an. Eta mah kuat ka ngagogotong radio (harita mah radio teh > baradags) ungkrah-angkrih ti tepas, ka pangkeng, ti pangkeng ka dapur, ti > dapur ka pancuran. Jaba dipirig ku sora embeâ¦hiliwirna angin, kereskna daun > awi nu diaradu⦠nyeta, bakat ku sieun tinggaleun ku dongeng hehehe⦠> Tina dongeng-dongeng eta abdi tiasa diajar Basa Sunda, seueur kecap-kecap > enggal nu nembe terang, da maklum nuju alit mah seueuerna hirup di Jakarta. >  > MH, tos aya Ki Leuksa mah rencana pasanggiri maca dongeng tea teh tiasa > kalaksanakeun yeuhâ¦heuheu⦠Juri-na tos aya! >  > Wilujeng sumping di Kusnet Ki, mugia sing betah, merenah tur tumaninah, tiasa > babagi pangaweruh ka sakur urang Sunda nu aya di ieu milis. >  > Haturnuhun, > salam, > Roro. >  >  > >>> ki_leu...@yahoo. co.id 04/29/09 04:10PM >>> > >  > Sampurasuuun. .... > Hapunten anu kasuhun, sim Kuring rumaos tumorojog tanpa larapan. Nu dimaksad > taya sanes, seja ngiring ilubiung di Kusnet, ngiring aub sarta jabung > tumapalung malahmandar aya guna sareng mangfaatna, boh keur sim Kuring boh ka > dulur-dulur sadaya. >  > Wasta Ki Leuksa, ti tatar Sunda. Kapungkur mah sok ngajajah milangan kori, > ngalalana di jomantara, nepungan baraya-baraya nu aya di desa jeung di kota, > nguriling ka tepis wiring, ngajugjug ka lembur-lembur nu aya di > gunung-gunung. Tapina ngan ku sawangan, da raga badag mah tetep di imah, diuk > dina korsi reyod nyanghareupan meja oyag, ngetik nerektek nulis carita > nyambung anu jaman harita mah sok disarebut "dongeng" disiarkeun dina > radio-radio swasta. >  > Aeh, naha karek jol geus loba ngobrol. Hampura baraya, bakat ku sono nepi ka > poho kana tatakrama. Ujug-ujug panjang cumarita, boa pribumi mah can kumpul > lelembutan, naha saha ieu nu karek jebul teh? >  > Tos heula atuh sakitu, moal waka panjang nu dicatur samemeh aya anu ngaku > mah. Eee sumuhun, Mang Emot Padaringan, aya ? > Sakali deui, hapunten anu kasuhun. >  > Wasalam > Ki Leuksa - Sumedang > > > > > > > > > > > > > > > > > > ___________________________________________________________________________ > Yahoo! sekarang memiliki alamat Email baru. > Dapatkan nama yang selalu Anda inginkan di domain baru @ymail dan > @rocketmail. > Cepat sebelum diambil orang lain! > http://mail.promotions.yahoo.com/newdomains/id/ >

