Alhamdulillah, bagja temen dilawungkeun sareng Neng Roro.
Eta deui ti Wado buit teh, nya? Pan Aki ge digelarkeun ka alam rame teh di 
Kamenteng Darmaraja. Ngan ngalalana ka saban tempat, da harita teh pun bapa 
dinesna teu matuh.
Hatur salam ka kadang wargi nu aya di Wado sareng sabudeureunana.
Nuhun deuih, urang teh tiasa nyangreudkeun silaturahmi ku acara dongeng, atuh 
ayeuna ditumbu ku Kusnet. Emh, panyana teh moal bisa ngobrol di jomantara 
kawask kieu.
Nuhun Nyi Roro, ku Aki didoakeun sing mulus rahayu berekah salamet
Perkara eta palay ngayakeun pasanggiri dongeng, hayu lah !
Insya Allah Aki moal jauh jeung Kusnet..


--- Pada Kam, 30/4/09, Roro Rohmah <[email protected]> menulis:


Dari: Roro Rohmah <[email protected]>
Topik: [Urang Sunda] Re: Sampurasun
Kepada: [email protected]
Tanggal: Kamis, 30 April, 2009, 5:15 AM









Rampes Ki…
Waduh, ieu teh Ki Leuksa tea? Haturan…
Kamana wungkul Ki?... nembe ayeuna mucunghuls? 
Nepangkeun abdi Roro, buit Wado Sumedang. Minangkana mah abdi teh kuncen istri 
hiji2na di milis.
 
Mugi janten uninga (fyi), abdi teh “fans berat” dongeng pasosonten Mang Jaya ti 
Radio Angkasa Kadipaten. Soantenna nu halimpu, kantos nyirep abdi di mangsa 
taun 80an. Eta mah kuat ka ngagogotong radio (harita mah radio teh baradags) 
ungkrah-angkrih ti tepas, ka pangkeng, ti pangkeng ka dapur, ti dapur ka 
pancuran. Jaba dipirig ku sora embe…hiliwirna angin, kereskna daun awi nu 
diaradu… nyeta, bakat ku sieun tinggaleun ku dongeng hehehe…
Tina dongeng-dongeng eta abdi tiasa diajar Basa Sunda, seueur kecap-kecap 
enggal nu nembe terang, da maklum nuju alit mah seueuerna hirup di Jakarta. 
 
MH, tos aya Ki Leuksa mah rencana pasanggiri maca dongeng tea teh tiasa 
kalaksanakeun yeuh…heuheu… Juri-na tos aya!
 
Wilujeng sumping di Kusnet Ki, mugia sing betah, merenah tur tumaninah, tiasa 
babagi pangaweruh ka sakur urang Sunda nu aya di ieu milis.
 
Haturnuhun,
salam,
Roro.
 
 
>>> ki_leu...@yahoo. co.id 04/29/09 04:10PM >>>

 
Sampurasuuun. ....
Hapunten anu kasuhun, sim Kuring rumaos tumorojog tanpa larapan. Nu dimaksad 
taya sanes, seja ngiring ilubiung di Kusnet, ngiring aub sarta jabung 
tumapalung malahmandar aya guna sareng mangfaatna, boh keur sim Kuring boh ka 
dulur-dulur sadaya.
 
Wasta Ki Leuksa, ti tatar Sunda. Kapungkur mah sok ngajajah milangan kori, 
ngalalana di jomantara, nepungan baraya-baraya nu aya di desa jeung di kota, 
nguriling ka tepis wiring, ngajugjug ka lembur-lembur nu aya di gunung-gunung. 
Tapina ngan ku sawangan, da raga badag mah tetep di imah, diuk dina korsi reyod 
nyanghareupan meja oyag, ngetik nerektek nulis carita nyambung anu jaman harita 
mah sok disarebut "dongeng" disiarkeun dina radio-radio swasta.
 
Aeh, naha karek jol geus loba ngobrol. Hampura baraya, bakat ku sono nepi ka 
poho kana tatakrama. Ujug-ujug panjang cumarita, boa pribumi mah can kumpul 
lelembutan, naha saha ieu nu karek jebul teh?
 
Tos heula atuh sakitu, moal waka panjang nu dicatur samemeh aya anu ngaku mah. 
Eee sumuhun, Mang Emot Padaringan, aya ?
Sakali deui, hapunten anu kasuhun.
 
Wasalam
Ki Leuksa - Sumedang
















      
___________________________________________________________________________
Yahoo! sekarang memiliki alamat Email baru.
Dapatkan nama yang selalu Anda inginkan di domain baru @ymail dan @rocketmail. 
Cepat sebelum diambil orang lain!
http://mail.promotions.yahoo.com/newdomains/id/

Kirim email ke