Aya kacindekan anu leuwih penting sabenerna mah, nyaeta anu ceuk dina eta tulisan 'lain maksudna kudu disensor'. Robahna konsentrasi atawa pikiran lalaki tina nganggap 'jelema' jadi nganggap 'barang/objek hancaeun' meureun bisa dianggap sakamalir jeung papagon agama nu nitah nutup orat di tempat umum. Tetela kitu teh geus tikudratna, nalika lalaki adu hareupan jeung awewe anu pakeanana biasa, mangka manehna bisa diajak ngobrol atawa badami. Sabalikna, mun lalaki keur adu hareupan jeung nu papakeanana minim, dina bisana oge eta lalaki ngobrol, tangtu meureun manehna teh bari neger-neger maneh. Heuheu... Ceuk paribasa, *cikaracak ninggang batu/laun-laun jadi legok/tai cakcak dina huntu/laun-laun mah dilebok*, ku dibiasakeun mah meureun lalaki ge kudu ngarobak polona sangkan bisa narima kalawan ihlas mun wanoja sabudeureunana make papakean sapopoe marineus... Bagea!
2009/5/1 ua duq > tapi naha atuh diembohan ku siap pake sagala? barinage naha kulantaran > nu hurung sarua jeung basa lalaki rek make barang, terus dicindekeun awewe > sarua jeung barang. cek kuring mah saruana bagean uteuk nu hurung ukur > nunjukeun yen lalaki teh sarua hayang make. make (dina harti hayang ningali > rangsadna pakean) si awewe cara tang ngarangsadan skrup :))))) > -- sikandar kumincir.blogspot.com su.wikipedia.org www.urangsunda.or.id

