Bah,
ari anu urang papua jeung dayak tea, postur awakna jeung beungeutna siga Julia Perex eh.. Julia Perez teu? eta sugan susuna siga Pamela Anderson? atawa Postur jeung beungeutna siga Megan Fox?

lamun urang papua siga Megan Fox mah, ah kuring ge hayang nganjang ka Papua he..he..he...

Nu geulis make bikini, nu goreng make mini bikini, leuwih terangsang nu mana?

jadi lain masalah kebiasaan, tapi masalah kualitas he..he..he..

Waluya wrote:

> From: H Surtiwa
> Nya lamun rek ngoreksi panyataan eta mah , anu jelas tiasa siga kieu ;
> "Awewe sexy boh make pakean normal atanapi
> papakean heureut rada ngajurus kana kurang bahan, eta teh sok nginspirasi
> imajinasi lalaki mikir kumaha carana hayang
> ngabogaan manehna, hayang make manehna atawa ngan ukur hayang naranjangan
> manehna".

Kunaon lalaki pangpangna kitu? Kulantaran jarang nempo ...hahahaha!. Awewe
di pedalaman Papua unggal poe papakeanana ukur "eta"na dihalangan saeutik,
jadi keur lalaki urang Papua mah nya teu aneh. Kuring kungsi ngadongeng
didieu, kuring kungsi 2 bulan hirup jeung urang Dayak di pedalaman Kalbar.
Awewena ukur disamping tepi kana tuur, kaluhurna mah teu make nanaon
.....tinggulantung we kamana-mendi. Waktu mimiti nempo mah kuring
saparakanca "geunjleung" teu puguh cabak. Tapi lila-lila mah biasa we, teu
aya pikiran "ngeres" dina otak.

Jadi? Sabenerna mah beuki buni disumputkeun, malah beuki panasaran, tepi ka
kapaksa awewe teu meunang kaluar ti imah lamun teu dikawal ku lalaki, da
diluar loba nu panasaran .....

Baktosna,
WALUYA



--

Kirim email ke