Leres pisan, era rek sodaqoh teh.
Nuhun dituduhkeun kana jalan anu lempeng tur yakin dina benerna. Da enya, rada 
hese rek sodaqoh teh.
Enya deuih, ngawangun Ki Sunda teh teu cukup ku carita. Kudu dideudeul ku 
harta, harti, taktak, taktik, tanaga jeung pangabisa.
Tapi, hehehe.. ke lanan, harta mah nya? Doakeun we sing aya rejekina kalayan 
ulah keuna ku poho, geus dicatet iyeuh nomer rekeningna.
Ayeuna mah ku carita we heula.  nya?
Kieu geura:
 
Dina hiji mangsa Pa RT nu ngabahudenda nyakrawati di RT 07, RW 11, Desa 
Parakansaat, kacamatan Nagarahandap ngayakeun barempug ngeunaan rarancang 
ngawangun masigit.
Sabada rengse barempug sarta geus meunang kacindekan, yen sarerea sapuk seja 
ngawangun masigit, ngong Pa RT ngandika "Para bapa miwah para wargi sadaya, tah 
ayeuna mangga urang sami-sami deudeul, sangkan Masigit gancang ngawujud. 
Pangdeudeul ti para wargi kalintang diantos-antosna, nu kagungan harta mangga 
ku harta, nu kagungan harti mangga ku harti, nu kagungan tanaga mangga ku 
tanaga, nu kagungan doa mangga ku do'a". Sakur nu hadir reang nembalan 
"amiiiin.." Pa RT geus rek mungkas kasauranana, tapi jigana aya nu kaliwat, pok 
deui "Aeh muhun, kanggo kalancaran ieu program, insya Allah engke baris aya 
caraka anu nepangan ka bumi, sakantenan nyatet saha-sahana anu bade ngadeudeul. 
Kanggo tartib administrasi, disuhunkeun rido galihna kanggo neken dina 
formulir.."
Gancangna carita.
Dina hiji poe aya dua nonoman mamawa map, nepungan ka saban imah. Nu ditepungan 
ngaku kalayan someah, terus narulis dina formulir, utamana nulis ngaran, barang 
anu rek dibikeun jeung neken (nandatangan). Sanggeus rengse eta dua nonoman 
lapor ka Pa RT, terus map teh dibuka. Barang breh RT colohok ngembang kadu, 
meunang sajongjongan mah teu ngomong, kawas nu keuna ku tenung. Horeng 
simanahoreng bingung, sabab sakabeh warga geus nulis dina formulir, netelakeun 
yen rek ngadeudeul ku do'a.
"Cilaka....." ceuk Pa RT bari nepak tarang, terus ngadayagdag dina korsi, 
panona mencrong kanu anggang. Nonoman nu dua colohok.....
 
Hihihihi.. tah ulah kawas kitu sanes, Cep Maman ??
Salam sono, Ki Leuksa
 


--- Pada Jum, 1/5/09, [email protected] <[email protected]> 
menulis:


Dari: [email protected] <[email protected]>
Topik: [Urang Sunda] File - Bewara Kencleng!
Kepada: [email protected]
Tanggal: Jumat, 1 Mei, 2009, 8:45 AM









Baraya!

Ngamajukeun urang Sunda teh, tangtuna teu cukup ku carita. Tapi, mibutuh 
tanaga, dana, jeung lengkah nyata. Tah, perkara dana, tong asa-asa... 
Kintunkeun bae sodakoh atanapi infak saderek teh ka Kencleng Perceka. 

Di mana persisna? Nya rekening-rekening di handap ieu. 

BNI ITB Bandung
Atas nami: Jamaludin,
No. rek: 002 808 6964

BCA DAGO Bandung
Atas nami: Jamaludin
No rek: 777.0265.473

Sok tong asa-asa. Ngan omat... Mun eunggeus ngirim sodakoh, lapor ka 
ja...@itenas. ac.id.

Lain nanaon, supaya dicatet jeung dilaporkeun ka kumna baraya Kusnet. Ambeh 
tertib administrasina! Pan diheunteu-heunteu oge eta teh dana titipan. Nu kudu 
puguh tanggungjawabna.

Sak ah, diarantos.

Jeung ulah kaget mun ieu bewara mucunghul tiap bulan. Lain nanaon. Bisi aya nu 
poho atawa api-api poho. Atawa era. Pan ari keur sodakoh mah urang teh sok rada 
era prakna, lin?

Maman Gantra

















      Berselancar lebih cepat. Internet Explorer 8 yang dioptimalkan untuk 
Yahoo! otomatis membuka 2 halaman favorit Anda setiap kali Anda membuka 
browser. Dapatkan IE8 di sini! 
http://downloads.yahoo.com/id/internetexplorer

Kirim email ke