11 Cara nyegah supaya ulah katarajang flu babi...
1. Ulah sakali kali sasalaman jeung Babi anu eukeur salesma (salian bisa
katarajang Flu ku alatan Babi, jeung deui silaing bakal dianggap teu waras)
2. Ulah cium-ciuman jeung babi anu keur flu (komo deui anjeun bakal era
ditempo kunu lian keur ciuman jeung babi)
3. Beresihan Leungeun salira, sanggeus papuket gelut jeung babi di kandangna
4. Ulah sok ngucapkeun kecap “Babi” ka jalma lian (maneh babi…).
5. Ulah osok sare saranjang jeung Babi
6. Ulah Narima Babi keur babaturan anjeun di Fesbuk, ku sabab menehna bakal
ngaliarkeun Flu babi ka batur anjeun di Fesbuk
7. Lamun Anjeun emang bener bener miara Babi, sok sadiakeun bae Carecet
atanapi tissue keur babi supados babi nutupan irung jeung sungutna lamun
beresin, komo mun alus mah sadiakeun masker kain.
8. Hindarkeun ngojay jeung babi di kolam renang Babi, saheunteuna keur
ayeuna wungkul.
9. Ulah ngaliarkeun Taleus Ateul via Email keur Babi babi sejen, sabab
dikuatirkeun manehna jadi nyaho cara lain nularkeun Flu manehna salian liwat
angina atanapi udara.
10. Ke heula ulah make sagala aksesoris anu berhubungan jeung Babi (kaos
gambar babi, Anting-anting babi, Kongkorong babi, jeung sabuk iket cangkeng
babi) Sabab babi sejen bakalan nganyahokeun yen anjuen nyaeta simpatisan Babi,
kamungkinan manehna nyerbu anjeun sabab eukeur menta nyalindung tina sakabeh
jalma anu keur muru manehna supaya dibunuh.
11. Hiji hijina cara anu penting sangkan babi babi sejen ti alam lain ulah
nyiarkeun ka alam Babi ngepet sing sadarkeun manehna supaya balik deui ka jalan
anu bener, samemeh manehna nularkeun Varian virus anyar nyaeta Flu Babi ngepet.
Pemanasan global? Apa sih itu? Temukan jawabannya di Yahoo! Answers!
http://id.answers.yahoo.com