Kang Waluya, abdi oge kantos nguping di kick andy perkawis tranplatasi tina
organ babi.
Janten patarosan, naha hal ieu diharamkeun ku agama islam ?
Kantos nguping ceramah yen bisnis tai babi ge diharamkeun ?
Aya oge nu nyarios dikengingkeun janten obat upami teu aya jalan anu sanes /
jurus pamungkas ?
pamungkas ??
Punten kang waluya/ wargi kusnet kumaha anu leresna ?
Dari: W Waluya <waluya2...@yahoo. co.id>
Topik: Re: [Urang Sunda] Babi Haram
Kepada: urangsu...@yahoogro ups.com
Tanggal: Kamis, 30 April, 2009, 9:37 AM
Enya, ceuk klasifikasi mangkeluk mah (elmu taksonomi?) manusa mah asup bangsa
Primata, sakolompok jeung monyet (ape jeung monkey) ari bangsa babi mah beda
cabang, sanajan satangkal "tangkal sasatoan". Ngan mungkin diantara sasatoan nu
sok dipiara ku manusa, gen babi nu paling deukeut ka jelema. Nu matak
dimanfaatkeun keur kapentingan manusa da puguh dipiara, beda jeung simpanse nu
ngalana ge hese, dina dipiara ge teu bisa sambarangan. Lamun teu salah mah
kungsi dicoba jelema ditranplatasi organ babi ngan rata-rata teu hasil, sabab
antibodi jelema nolak iwal ti urat getihna. Dina Kick Andy, lamun teu salah aya
urang Indonesia nu pembulah darahna diganti ku urat babi. Manehna nurutan babi
disada: "Hooook ....hoook", cenah bari heureuy .....
Baktosna,
WALUYA