Hapunten Kang Waluya, perkawis ieu geuning tos dibeberkeun dina seratan akang 
"vaksin tina babi", tos kahartos, dasar abdi mah sok sering  " telma" telat 
maca, kumargi files nu katampi numpuk seueur pisan, janten dibaca ku abdi 
ngawitan ti luhur/milis nu sumping paling enggal

--- On Fri, 5/1/09, Gagak Bandung <[email protected]> wrote:


From: Gagak Bandung <[email protected]>
Subject: Tranplatasi Organ Babi
To: [email protected]
Date: Friday, May 1, 2009, 3:11 PM







Kang Waluya, abdi oge kantos nguping di kick andy perkawis tranplatasi tina 
organ babi. 
Janten patarosan, naha hal ieu diharamkeun ku agama islam ? 
Kantos nguping ceramah yen bisnis tai babi ge diharamkeun ? 
Aya oge nu nyarios dikengingkeun janten obat upami teu aya jalan anu sanes / 
jurus pamungkas ? 
pamungkas ?? 
Punten kang waluya/ wargi kusnet  kumaha anu leresna ? 
Dari: W Waluya <waluya2...@yahoo. co.id>
Topik: Re: [Urang Sunda] Babi Haram
Kepada: urangsu...@yahoogro ups.com
Tanggal: Kamis, 30 April, 2009, 9:37 AM 

Enya, ceuk klasifikasi mangkeluk mah (elmu taksonomi?) manusa mah asup bangsa 
Primata, sakolompok jeung monyet (ape jeung monkey) ari bangsa babi mah beda 
cabang, sanajan satangkal "tangkal sasatoan". Ngan mungkin diantara sasatoan nu 
sok dipiara ku manusa, gen babi nu paling deukeut ka jelema. Nu matak 
dimanfaatkeun keur kapentingan manusa da puguh dipiara, beda jeung simpanse nu 
ngalana ge hese, dina dipiara ge teu bisa sambarangan. Lamun teu salah mah 
kungsi dicoba jelema ditranplatasi organ babi ngan rata-rata teu hasil, sabab 
antibodi jelema nolak iwal ti urat getihna. Dina Kick Andy, lamun teu salah aya 
urang Indonesia nu pembulah darahna diganti ku urat babi. Manehna nurutan babi 
disada: "Hooook ....hoook", cenah bari heureuy .....

Baktosna,
WALUYA 



      

Kirim email ke