Sampurasun,, Punten ah Nepangkeun heula,, sim kuring Fian, ti Lingkung Seni Sunda ITB. bade ngawartosan baraya di kampung sareng dulur di kota, yen :
LSS ITB teh baris ngayakeun 2 Agenda Badag nu nyandak Jejer "URANG SUNDA, URANG NU MIARA" Agenda nu kahiji Pasanggiri Rampak Sekar ka-XIX, ieu teh kangge siswa-siswa SD,SMP sareng SMA (insya Allah kaping 26,27 28 Juni 2009 @ ITB) nu Kadua teh Pagelaran nu baris dilaksanakeun wengi kaping 4 Juli 2009. Hayu atuh sumangga sumping dina acara nu baris digelar,, kangge Pasanggirina sim kuring mah bade ngajakan utamina ka Bapa Ibu Guru, sareng siswa siswi SD, SMP, SMA...hayu ah ngiringan.. Info langkung lanjut mangga diaos di web lss,, kopikeun weh link di handap http://lss-itb.org/web/ URANG SUNDA, URANG NU MIARA!!

