Sampurasun King Nong....

Minggu kamari kuring ngimpi
Wallahu alam ngimpi nu ngandung arti atawa tanpa makna
Katitipan dua medali nu ampir sarupa ngan beda tengahna
Nu hiji gambar manuk nu hiji gambar naga
Terus duaan jeung babaturan dititah asup ka gedong kosong
Terus asup ka jero ahirna anjog ka buruan kosong

Teu kungsi lila aya kajadian nu teu lumrah
Di langit muncul badai listrik nu maha dasyat
Gunung harurung kahuruan
Di laut badai ombak gumulung luhurna puluhan meter
Beuki deukuet... beuki deukeut ahirna neumbag eta gedong
Tapi alhamdulillah gening ngan ukur liwat

Beres kajadian katingali masyarat pahibut neangan tempat nu aman
Sawareh aya nu bisa asup ka pakarangan, sawareh teu bisa
gening nu bisa teh ngan ukur jalma pilihan,
ngan hanjakal gening teu kaasup anak pamajikan,
kukuring dipapatahan ahirna masih keneh bisa ditulungan

Geus kitu jol datang rombongan
Katingalina sapertos orang terhormat atanapi aaya kadudukan di pamarentahan
Teus arasup ka salah sahiji ruangan, nu pangtukangna noel ngajakan kuring asup
Kuring teu apal saha wae nu asup dina eta riungan nga mun teu lepat jumlahna 
aya 11 urang
Duka saha wae aranjeunana teh ngan nu di kencaeun abdi nu sanes nyarebatna 
"paduka"

Dina riungan eta teh gening ngan mastikeun kaputusan kuring
Maju terus atanapi rek nyerah....
Duka kumaha urusanana kalayan sumanget kuring ngajawab "Kuring Moal nyerah"
Katingali nu hadir didinya paromanana sadayana marahmay.
Geus kitu nu disebut Paduka tea cumarios :
"Mun kitu urang nu aya didieu termasuk kelompok hiji"
Rapat teh dianggap beres terus Paduka tea ngabagikeun roko surutu 
sabatang-sabatang
tapi gening ari kuring dipasihan surutu nu masih hurung tilas anjeuna
Barang eta surutu kacepeng ku abdi, gulunganana langsung muka
sapintas katingali siga tangalan kalender

Riungan ahirna bubar, tinggal kuring duaan
Kuring nanya ka anjeuna,  naha nu kapilih ngadon kuring nu bodo
Terus dijawab ku anjeuna, "nu dipilih teh lain nu pinter tapi nu jujur"
Ahirna anjeuna ngenalkeun diri namina AANG ti Bogor.
Kuring langsung ngorejat hudang, gening ukur ngimpi tapi asa nyata

Wassalam,

Djoni Rochjana



 



________________________________
From: Nong Gerak <[email protected]>
To: urangsunda <[email protected]>; baraya_sunda 
<[email protected]>; kisunda <[email protected]>
Sent: Friday, October 17, 2008 8:09:06 PM
Subject: [Urang Sunda] (Serat: 104)(SILIWANGI & KI SANTANG)_Kari Nunjukeun Ka 
Sasama


Kari Nunjukeun Ka Sasama
 
        * Hiji ngaran nu bela kanu ngaran jalma,
sujalma nu dipikahayang wawakil alusna jalma,
kari nunjukeun ka sasama,
ngaran anjeun lain ukur ngaran biasa. 
____________ _________ _________ _________ _________ __
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail. yahoo.com  


      

Kirim email ke