keur nambahan wadul, uing aya dongeng:
dua minggu ka tukang kabeneran uing kapaksa kudu ngajejentul di bandara
juanda, surabaya. nyeta meureun kulantaran ngajentulna lumayan lila, aya kana
opat jamna, pikiran jadi kumalayang kamana mendi. tamba kesel uing kukurilingan
ti tungtung ka tungtung noongan wangunan tempat penumpang rek eunteup jeung
hiber. nu katempo ku uing rada tegep wangunan bandara juanda teh, dihias ku
ukiran ornamen jawa, nu jiga dina pagelaran wayang wong atawa ketoprak. tempat
nunggu penumpang, ngeunaheun, bisa nyalse, wc teu hese, mushola nyampak,
tempat barang dahar ge sayagi. paingan airport-tax na pangmahalna.
sabot kitu, leng pikiran uing inget ka kaayaan bandara husen di
bandung. beu. jigana
ieu bandara mun noong tempat dahar mah, jiga restoran lesehan.
jajauheun ka bisa
nungguan kalawan salse, da puguh dukdek, bagasi ge make teknologi
ingkig. hehehe.
terus pikiran teh ngacacang kana wadulan di milis, nu sok madungdengkeun istana
pajajaran, nu sok pada nanya wae, kunaon euweuh tapakna. ninggali dua kasus ieu,
jadi asa boga pijawabeun tah, kana ieu pasualan teh. jigana wae, urang
sunda mah,
basajan tea, bandara ge cukup ku bandara lesehan. boa-boa istana pajajaran ge,
jigana jiga kitu, basajan tea, numatak teu katimu ruruntukna.

(mh)

2009/5/13 mj <[email protected]>:
>
>
> duka smp duka sma munggaran piknik ka taman mini indonesia indah teh. tangtu
> harita ge aya rasa sunda mah dina hate. nya ngulampreng ka anjungan jawa
> barat. rada hookeun, sabab ningali imah sunda teh kitu. tembok, make
> kenteng. harita mah can kungsi aprak-aprakan ka kampung adat. tapi ngarasa
> aneh, sabab gening imah sunda teh kitu. si kuring urang lembur, suku gunung
> sawal di galuh. loba imah nu dijieun tina bilik, panggung, jst. tapi di
> taman mini mah imah anjungan jawa barat nu cek si kuring harita imah urang
> sunda, ditembok, make kenteng, wedel weweg.
>
> hate teu sugema. sabab asa lain eta. katempornaken, ayeuna-ayeuna, apal yen
> eta anjungan jabar teh make model imah/wangunan cirebon. dibalikna,  kungsi
> ngadenge yen milih anjungan jabar make model imah cirebon sabab pemprov
> jabar ngarasa teu pede, alias era ari kudu nembongkeun imah adat sunda di
> kampung naga, baduy, jeung sajabana, nu memang basajan pisan. teu pede
> meureun sabab noong anjungan provinsi sejen/imah adat sejen, nu rame ku
> ukiran, ukuranana badag, jst. jadi we cenah milih imah model cirebon.
> katembongna "budaya sunda" jadi geus modern, sabab make tembok,bata semen.
> haha.
>
> geus heula, mangga teraskeun kunu salse
>
>
>
>
>
>
> 

Kirim email ke