Euleuh euleuh...
Uing mah can pernah Ka Bandara Juanda, kakara oge ka bandara Soetta jeung
Ahmad yani di smg.
Jadi teu pala.
Tah basajan mah eta meureun geus jadi ciri nu "nyunda". Jiga nu
ditembongkeun ku Kang Kabayan tea.


2009/5/13, mh <[email protected]>:
>
>
>
> keur nambahan wadul, uing aya dongeng:
> dua minggu ka tukang kabeneran uing kapaksa kudu ngajejentul di bandara
> juanda, surabaya. nyeta meureun kulantaran ngajentulna lumayan lila, aya
> kana
> opat jamna, pikiran jadi kumalayang kamana mendi. tamba kesel uing
> kukurilingan
> ti tungtung ka tungtung noongan wangunan tempat penumpang rek eunteup jeung
> hiber. nu katempo ku uing rada tegep wangunan bandara juanda teh, dihias ku
> ukiran ornamen jawa, nu jiga dina pagelaran wayang wong atawa ketoprak.
> tempat
> nunggu penumpang, ngeunaheun, bisa nyalse, wc teu hese, mushola nyampak,
> tempat barang dahar ge sayagi. paingan airport-tax na pangmahalna.
> sabot kitu, leng pikiran uing inget ka kaayaan bandara husen di
> bandung. beu. jigana
> ieu bandara mun noong tempat dahar mah, jiga restoran lesehan.
> jajauheun ka bisa
> nungguan kalawan salse, da puguh dukdek, bagasi ge make teknologi
> ingkig. hehehe.
> terus pikiran teh ngacacang kana wadulan di milis, nu sok madungdengkeun
> istana
> pajajaran, nu sok pada nanya wae, kunaon euweuh tapakna. ninggali dua kasus
> ieu,
> jadi asa boga pijawabeun tah, kana ieu pasualan teh. jigana wae, urang
> sunda mah,
> basajan tea, bandara ge cukup ku bandara lesehan. boa-boa istana pajajaran
> ge,
> jigana jiga kitu, basajan tea, numatak teu katimu ruruntukna.
>
> (mh)
>
> 2009/5/13 mj <[email protected] <jamal%40itenas.ac.id>>:
> >
> >
> > duka smp duka sma munggaran piknik ka taman mini indonesia indah teh.
> tangtu
> > harita ge aya rasa sunda mah dina hate. nya ngulampreng ka anjungan jawa
> > barat. rada hookeun, sabab ningali imah sunda teh kitu. tembok, make
> > kenteng. harita mah can kungsi aprak-aprakan ka kampung adat. tapi
> ngarasa
> > aneh, sabab gening imah sunda teh kitu. si kuring urang lembur, suku
> gunung
> > sawal di galuh. loba imah nu dijieun tina bilik, panggung, jst. tapi di
> > taman mini mah imah anjungan jawa barat nu cek si kuring harita imah
> urang
> > sunda, ditembok, make kenteng, wedel weweg.
> >
> > hate teu sugema. sabab asa lain eta. katempornaken, ayeuna-ayeuna, apal
> yen
> > eta anjungan jabar teh make model imah/wangunan cirebon. dibalikna,
>  kungsi
> > ngadenge yen milih anjungan jabar make model imah cirebon sabab pemprov
> > jabar ngarasa teu pede, alias era ari kudu nembongkeun imah adat sunda di
> > kampung naga, baduy, jeung sajabana, nu memang basajan pisan. teu pede
> > meureun sabab noong anjungan provinsi sejen/imah adat sejen, nu rame ku
> > ukiran, ukuranana badag, jst. jadi we cenah milih imah model cirebon.
> > katembongna "budaya sunda" jadi geus modern, sabab make tembok,bata
> semen.
> > haha.
> >
> > geus heula, mangga teraskeun kunu salse
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> 
>

Kirim email ke