si kabayan teh sabenerna mah carita komedi nu eusi aslina mah ngandung muatan parodi, pikeun nyindiran diri sorangan-urang nu maca atawa ngadenge carita si kabayan. nya pikeun eunteung kumaha ngalakonan hirup. nu si kuring apal, salah sahiji carita ringkesna,
Kabayan keur leumpang. terus manggih tanjakan. Manehna ngadon seuri. Terus tanjakan beak, manehna ngadon ceurik. nya ditanya, naha unggal manggih tanjakan seuri, sedeng ari manggih pudunan ceurik? jawabna, sabab tas tanjakan mah bakal manggih pudunan, sedang ari tas mudun, bakal manggih tanjakan. harti carita ieu, urang ulah samanea atawa kaleuleuwihi dina ngarasakeun hiji perkara. mun keur sedih lara balangsak ulah sedih kamalinaan ceurik teu eureun-eureun, kitu deui dina keur manggih kabungah, ulah suka bungah teuing atawa kariaan bebeakan. kudu siger tengah. ngan beh dieu, tukang ngarang nu teu apal jujutanana atawa teu nyaho jero-jero carita si kabayan, teu wanoh kana niley-niley nu napel dina watek carita jeung diri si kabayan (cek legegna mah filosofi carita si kabayan), nyieun carita si kabayan sangeunahna. nu penting lucu atawa nembongkeun adat-adat gorengna wungkul. nu kieu nu terus dibahas atawa narapel dina sirah awam, sabab alam pikiranana can nepi ka niley filosofi ti carita-carita si kabayan. sakitu nu kapihatur ti dulur urang negeri surili

