bener kang, mun dileneyepan mah carita sikabayan teh loba nembongkeun "eunetung" anu di balut ku humor, meureun tujuannamah supaya teu "bete" nu ngadengekeunanan nya..
salam ti legok oncom... 2009/5/15 mj <[email protected]> > > > > si kabayan teh sabenerna mah carita komedi nu eusi aslina mah ngandung > muatan parodi, pikeun nyindiran diri sorangan-urang nu maca atawa ngadenge > carita si kabayan. nya pikeun eunteung kumaha ngalakonan hirup. nu si kuring > apal, salah sahiji carita ringkesna, > > Kabayan keur leumpang. terus manggih tanjakan. Manehna ngadon seuri. Terus > tanjakan beak, manehna ngadon ceurik. > nya ditanya, naha unggal manggih tanjakan seuri, sedeng ari manggih pudunan > ceurik? > jawabna, sabab tas tanjakan mah bakal manggih pudunan, sedang ari tas > mudun, bakal manggih tanjakan. > > harti carita ieu, urang ulah samanea atawa kaleuleuwihi dina ngarasakeun > hiji perkara. mun keur sedih lara balangsak ulah sedih kamalinaan ceurik teu > eureun-eureun, kitu deui dina keur manggih kabungah, ulah suka bungah teuing > atawa kariaan bebeakan. kudu siger tengah. > > ngan beh dieu, tukang ngarang nu teu apal jujutanana atawa teu nyaho > jero-jero carita si kabayan, teu wanoh kana niley-niley nu napel dina watek > carita jeung diri si kabayan (cek legegna mah filosofi carita si kabayan), > nyieun carita si kabayan sangeunahna. nu penting lucu atawa nembongkeun > adat-adat gorengna wungkul. nu kieu nu terus dibahas atawa narapel dina > sirah awam, sabab alam pikiranana can nepi ka niley filosofi ti > carita-carita si kabayan. > > sakitu nu kapihatur ti dulur urang negeri surili > > > >

