Heueuh, si uing ge geus boga bukuna hiji aya anu ingeten, ngahaja dikirim ti aceh... padah meureun nyahoeun pundamentalis sunda... tapi can ka baca kabeh da kakara katampa kamari. eta aya dongeng han-jeut tea anu kungsi didongengkeun ku Kang Arif didieu tapi dongeng ceker hayam mah euweuh teuing lamun can ka baca mah.
wilujeng wae ka Kanggo Kang Arif, tapi nya kitu "tidak ada kesimpulan tunggal tentang aceh" satuju sareng Prof. Utju... wassalam, dudi_ss ----- Original Message ----- From: mj To: [email protected] Sent: Friday, May 15, 2009 2:52 PM Subject: [Urang Sunda] (buku) Aceh di Mata Urang Sunda Aceh di Mata Urang Sunda Penulis Arif Ramdan kandel: xix- 215 Penerbit: Bandar Publishing, Aceh hampura mun ieu mah lain resensi, ngan ukur ngabejaan baraya nu resep maca, bisi harayang apal jerona aceh, nu ditulis ku urang sunda. can dibaca gemet, da keur pakepuk ku cicing...tea Noong judulna, tangtu langsung apal maksudna. Pangalaman urang Sunda, dina hal ieu nu nulisna, Arif Ramdan, urang Garut nu milu jadi relawan pascatsunami Aceh 26 Desember 2006. ti harita sigana Arif teu balik deui ka lambur, da gawe jadi wartawan Serambi Indonesia, koran Aceh. Dipanganteuran ku bah Surya (HR Hidayat Suryalaga) oge sesepuh Urang Sunda di Banda Aceh, Prof Utju Ali Basya, urang Bogor, dosen di Unsyiah, jeung pamingpin umum koran Serambi Indonesia, H Sjamsul Kahar. abah surya nu humanis jeung ngajenan pluralisna endonesya, ngajudulan panganteurna ku "Aceh dalam tatapan mesra urang sunda..." noong daptar eusina mah, Arif, wedalan Garut 31 Juli 1980, nyaritakeun sagala widang. Bab I soal pulitik, nu eusina diantara identifikasi Arif sorangan salaku urang Sunda, lain Jawa. sigana urang Aceh nganggap yan sakumna manusa nu ti pulau jawa, urang jawa. terus soal Jawa penjajah, partey aceh, kartosuwirjo-Daud Beureuh, oge Gam Cantoi Bab 2 sosial budaya, diantara cara arif ngawanohan aceh, patalina batin Aceh ka Sunda sabab ayana makam Cut Nyak Dien di Sumedang, bab 3 rekonstruksi & perdamaian, sigana soal ngawangun deui aceh jeun perdamaian dumasar perjanjian helsinki. saliwat manggih carita kontradiksi nu bisa jadi salah salima aceh kungsi hurung bae. soal keadilan, jsb. pausahaan gas jeung minyak di aceh, ngan make urang aceh pikeun office boy. naha bisa kitu? asa piraku urang aceh euweuh nu pinter atawa nu sarjana? bisa jadi alatan urang acehna, nu sarjana jsb, di jakarta, atawa di kota/pulo lain. aya nu lucu, di kaca 109, judul tulisan Banda Aceh, Kota Seribu Toko dimimitian ku plesetan lagu Sambung menyambung menjadi toko, itulah Banda Aceh...haha aya nu keren pisan, tulisan urang walanda, dicutat dina artikel beunang Ampuh Devayan,budayawan Aceh, "Aceh dapat dibunuh, tapi tidak dapat ditaklukan" van de Vier dian buku Perang Aceh (Aceh Oorlog) Dosana buku ieu teh, hurupna laleutik teuing.

